Jumat, 22 Februari 2013

BUKU MADINAH KELAS 3



BIDANG TAUHID

Sadaya sipat anu wajib di Alloh anu 20 eta kabagi kana 4, nyaeta:
Ø Sipat Nafsiyah (hartina sipat bangsa dzat) anu eusina hiji, nyaeta: sipat wujud
Ø Sipat Salabiyah (hartina sipat bangsa nyabut) anu eusina aya lima, nyaeta: Kidam, Baqo, Mukholafatun lilhawaditsi, Qiyamuhu binnafsihi, Wahdaniyat
Ø Sipat Ma’ani (sipat bangsa aya) anu eusina aya tujuh, nyaeta: Qudrot, Irodat , Ilmu, Hayat, Sama’, Bashor, Kalam
Ø Sipat Ma’nawiyah (sipat bangsa rekeunan) eusina aya tujuh, nyaeta: Kaunuhu Qodiron, Kaunuhu Muridan, Kaunuhu A’liman, Kaunuhu Hayyan, Kaunuhu Sami’an, Kaunuhu Bashiron, Kaunuhu Mutakaliman
Ø Sadaya aqidah Uluhiyah (sipat Pangeran boh sipat nu wajib, mustahil, jeung anu wenang di Alloh) eta sakabehna dikumpulkeun dina lapad           لاإله إلاالله
Ø Garansi piken jalma anu nekadkeun kana aqidah Uluhiyah,  sah Iman-na tur di ganjar ku nekadkeunnana, tapi lamun teu nekadkeun sakabehna atawa sawarehna maka teu sah Iman na jeung disiksa


SIFAT ANU WAJIB DI ALLOH
SARENG DALIL-DALILNA

1.     Sifat Wujud
Hartosna  : Aya
Lalawanan  : Adam
Hartosna  : Teu Aya
Dalil Aqli : وجود هذه المخلوقات
Hartosna  : Ayana ieu pirang-pirang makhluk
Dalil Naqli  : قل من رب السموات والارض قل الله
Hartosna     : Bejakeun ku anjeun Muhammad, saha anu ngurus pirang-pirang langit sareng bumi, jawab ku anjeun : eta Alloh



2.     Sifat Qidam
Hartosna  : Heubeul, teu aya mimitina
Lalawanan  : Huduts
Hartosna  : Anyar, aya mimitina
Dalil Aqli : أنه لوكان حادثا لاحتاج الى محدث وهومحال
Hartosna  : Lamun Alloh anyar tangtu butuh kanu nganyarkeun, sedengkeun eta teh mustahil
Dalil Naqli  : هوالاول والاخر والظاهر والباطن
Hartosna     : Ari Alloh eta anu awwal teu aya kawitna, anu akhir teu aya tungtungna

3.     Sifat Baqo
Hartosna  : Langgeng, teu aya tungtungna
Lalawanan  : Fana
Hartosna  : Ruksak, aya tungtungna
Dalil Aqli : أنه لوكان فانيا لكان حادثا وهو محال
Hartosna  : Lamun Alloh ruksak tangtu Alloh anyar, sedengkeun eta teh mustahil
Dalil Naqli  : ويبقى وجه ربك ذواالجلال والاكرام


Hartosna     : Sareng tetep teu aya tungtungna dzat pangeran anjeun anu kagungan kaagungan sareng kagungan kamulyaan

4.     Sifat Mukholafatullil Hawaditsi
Hartosna  : Beda Alloh jeung sakabeh anu anyar
Lalawanan  : Mumatsalah lil hawaditsi
Hartosna  : Sarupa Alloh jeung  anu anyar
Dalil Aqli : أنه لوكان مماثلا للحوادث لكان حادثا وهو محال
Hartosna   : Lamun Alloh sarupa jeung nu anyar tangtu Alloh anyar, sedengkeun eta teh mustahil
Dalil Naqli  : ليس كمثله شيء
Hartosna   : henteu aya hiji perkara oge anu sami sareng Alloh

5.     Sifat Qiyamuhu Binafsihi
Hartosna  : Jumeneng Alloh kalawan dzatna, teu butuh kana tempat jeung teu butuh kanu ngayakeun.
Lalawanan  : Ihtiyaj
Hartosna  : Butuh kana tempat jeung kanu ngayakeun

Dalil Aqli :
أنه لواحتاج الى محل لكان صفة وكونه صفة وهو محال, ولواحتاج الى مخصص لكان حادثا وكونه حادثا وهو محال
Hartosna  : lamun Alloh butuh kana tempat pasti bukti Alloh teh sifat, sedengkeun lamun Alloh sifat eta mustahil, lamun Alloh butuh kanu nangtukeun pasti Alloh teh eta anyar, sedengkeun eta hukumna mustahil
Dalil Naqli  : الله لااله الا هوالحي القيوم
Hartosna     : Teu aya deui pangeran anu maojud, anu wajib diibadahan kajaba Alloh anu hirup tur jumeneng kalawan dzatna

6.     Sifat Wahdaniyat
Hartosna  : Sahiji Alloh dina dzatna, sifatna sareng padamelannana
Lalawanan  : Ta’addud
Hartosna  : Bingbilangan
Dalil Aqli : انه لوكان متعددا لم يوجدشيئ
Hartosna  : Lamun Alloh bingbilangan moal aya ieu pirang-pirang makhluk

Dalil Naqli  : قل هوالله احد
Hartosna     : Bejakeun ku anjeun Muhammad, Alloh eta anu sahiji

7.     Sifat Qudrot
Hartosna  : Kawasa Alloh
Lalawanan  : ‘Ajzu
Hartosna  : Apes Alloh
Dalil Aqli : أنه لوكان عاجزا لم يوجد شيء من هذه المخلوقات
Hartosna  : Lamun Alloh apes tangtu moal aya ieu sakabeh makhluk
Dalil Naqli  : وهو على كل شيئ  قدير
Hartosna     : Sayaktosna Alloh kana sadaya perkara, eta anu kawasa

8.     Sifat Irodat
Hartosna  : Ngersakeun Alloh
Lalawanan  : Karohah
Hartosna  : Kapaksa Alloh
Dalil Aqli : أنه لوكان كارها لكان عاجزا وهو محال
Hartosna  : Lamun Alloh kapaksa tangtu Alloh apes, sedengkeun lamun Alloh apes eta teh mustahil
Dalil Naqli  : فعال لما يريد
Hartosna     : Ari Alloh kana sakabeh pagawean eta anu ngersakeun

9.     Sifat Ilmu
Hartosna  : Uninga Alloh
Lalawanan  : Jahal
Hartosna  : Bodo Alloh
Dalil Aqli : أنه لوكان جاهلا لم يكن مريدا وهو محال
Hartosna  : Lamun Alloh bodo tangtu Alloh henteu kersa, sedengkeun eta mustahil
Dalil Naqli  : وهو بكل شيئ عليم
Hartosna     : Sareng ari Alloh kana sadaya perkara eta anu uninga

10.                        Sifat Hayat
Hartosna  : Hirup Alloh
Lalawanan  : Maot
Hartosna  : Maot Alloh

Dalil Aqli :
أنه لوكان ميتا لم يكن قادرا ولامريدا ولا عالما وهو محال
Hartosna  : Lamun Alloh maot tangtu Alloh henteu kawasa, henteu kersa, henteu uninga, sedengkeun eta mustahil
Dalil Naqli  : الله لااله الاهوالحي القيوم
Hartosna   : teu aya deui pangeran anu maojud anu wajib diibadahan kajaba Alloh anu hirup tur jumeneng kalawan dzatna  

11.                        Sifat Sama’
Hartosna  : Ngadangu Alloh
Lalawanan  : Shomam
Hartosna  : Torek Alloh
Dalil Naqli  : وهو السميع البصير
Hartosna     : Ari Alloh eta anu ngadangu tur anu ningali

12.                        Sifat Bashor
Hartosna  : Ningali Alloh
Lalawanan  : A’ma
Hartosna  : Lolong Alloh

Dalil Naqli  : وهو السميع البصير
Hartosna     : Ari Alloh eta anu ngadangu tur anu ningali

13.                        Sifat Kalam
Hartosna  : Ngadawuh Alloh
Lalawanan  : bukmum
Hartosna  : Pireu Alloh
Dalil Naqli  : وكلم الله موسى تكليما
Hartosna     : Sareng parantos ngadawuh Alloh ka nabi Musa kalawan ngadawuh anu saestuna

14.                        Sifat Kaonuhu Qodiron
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu kawasa
Lalawanan  : Kaonuhu Ajizan
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu apes
Dalil Aqli : أنه لوكان عاجزا لم يوجد شيء من هذه المخلوقات
Hartosna  : Lamun Alloh apes tangtu moal aya ieu sakabeh makhluk.
Dalil Naqli  : وهو على كل شيئ  قدير
Hartosna     : Sayaktosna Alloh kana sadaya perkara, eta anu kawasa

15.                        Sifat Kaonuhu Muridan
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu ngersakeun
Lalawanan  : Kaonuhu Karihan
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu kapaksa
Dalil Aqli : أنه لوكان كارها لكان عاجزا وهو محال
Hartosna  : Lamun Alloh kapaksa tangtu Alloh apes, sedengkeun lamun Alloh apes eta teh mustahil
Dalil Naqli  : فعال لما يريد
Hartosna     : Ari Alloh kana sakabeh pagawean eta anu ngersakeun

16.                        Sifat Kaonuhu ‘Aliman
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu uninga
Lalawanan  : Kaonuhu Jahilan
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu bodo
Dalil Aqli : أنه لوكان جاهلا  لم يكن مريدا وهو محال
Hartosna  : Lamun Alloh bodo tangtu Alloh henteu kersa, sedengkeun eta mustahil
Dalil Naqli  : وهو بكل شيئ عليم
Hartosna     : sareng ari Alloh kana sadaya perkara eta anu uninga

17.                        Sifat Kaonuhu ‘Hayyan
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu hirup
Lalawanan  : Kaonuhu Mayyitan
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu maot
Dalil Aqli :
أنه لوكان ميتا لم يكن قادرا ولامريدا ولا عالما وهو محال
Hartosna  : Lamun Alloh maot tangtu Alloh henteu kawasa, henteu kersa, henteu uninga, sedengkeun eta mustahil
Dalil Naqli  : الله لااله الاهوالحي القيوم
Hartosna     : Teu aya deui pangeran anu maojud anu wajib diibadahan kajaba Alloh anu hirup tur jumeneng kalawan dzatna  

18.                        Sifat Kaonuhu Sami’an
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu Ngadangu
Lalawanan  : Kaonuhu ashomma
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu torek
Dalil Naqli  : وهو السميع البصير
Hartosna     : Ari Alloh eta anu ngadangu tur anu ningali

19.                        Sifat Kaonuhu Bashiron
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu Ningali
Lalawanan  : Kaonuhu A’ma
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu Lolong
Dalil Naqli  : وهو السميع البصير
Hartosna     : Ari Alloh eta anu ngadangu tur anu ningali

20.                        Sifat Kaonuhu Mutakalliman
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu Ngadawuh
Lalawanan  : Kaonuhu Abkama
Hartosna  : Bukti Alloh eta anu Pireu
Dalil Naqli  : وكلم الله موسى تكليما
Hartosna     : Sareng parantos ngadawuh Alloh ka Nabi Musa kalawan ngadawuh anu saestuna


                        BIDANG SYAHADATAEN
Iman ka Alloh kudu di ucapkeun ku jalan ngikrarkeun dina kalimah syahadat, nyaeta :


اشهد ان لااله الله    واشهد ان محمدارسول الله
Para ‘Ulama geus rempug yen ngucapkeun dua kalimah syahadat eta rukun Islam, maka mun teu ngucapkeun syahadat eta lain kaasup jalma Islam sanajan dina hatena iman ka Alloh sakumaha Nabi nyaurkeun:
عن عبد الله بن عمر قال قال رسول الله صلى الله عليه و سلم أمرت أن أقاتل الناس حتى يشهدوا أن لا إله إلا الله وأن محمدا رسول الله ويقيموا الصلاة ويؤتوا الزكاة فإذا فعلوه عصموا مني دماءهم وأموالهم إلا بحقها وحسابهم على الله

Hartosana: katampi Ti Abdillah Bin Umar RA. Anjeuna ngadawuh, ngadawuh Rosululloh SAW: Kami diparentahkeun pikeun merangan jalma-jalma, sahingga maranehana ngama’rifatkeun yen teu aya deui pangeran kajaba Alloh, jeung Muhammad eta Utusan Alloh, jeung maranehna ngalakukeun Sholat, jeung mikeun Zakat. Tuluy lamun maranehan nana geus ngalakukeun eta perkara, maka maranehna kudu dijaga kalawan Asma kami, geutihna jeung hartana (ulah dikocorkeun geutihna jeung ulah di cokot hartana) kajaba aya hak Islam. Jeung ari perhitungan nana aya di payuneun Alloh.”

Hubungan ngucapkeun kalimah syahadat jeung kaimanan:
1.     Imam Al-Asy’ari jeung Ma’turidi nyaurkeun yen syahadat teh mangrupakeun syarat sahna iman, tapi anu di maksud syarat sahna iman di dieu nyaeta bisa di hukuman ku Muslim jeung menangkeun fasilitas salaku Muslim di dunia, sedengkeun mungguh Allohmah anu di tilik teh nyaeta hatena, lamun dina nalika ngucapkeun syahadatna dibarengan ku hate (I’tiqad) maka manehna bakal salamet di akherat, tapi lamun mah henteu jeung I’tiqad, maka manehna bakal asup ka naraka sok sanajan maca syahadat.

2.     Imam Abu Hanifah nyaurkeun yen kalimah syahadat teh nyaeta satengah tina iman, sabab syahadat jeung iman mangrupakeun rangkaian dzohir jeung bathin.








BIDANG ASMAUL HUSNA

Ya Alloh
=
يا الله
Anu Maha Asih
=
يا رحمن
Anu Maha Heman
=
يا رحيم
Anu Ngarajaan
=
يا مالك
Anu Maha Suci
=
يا قدوس
Anu Masihan Kasalametan
=
ياسلا م
Anu Masihan Kaamanan
=
يا مؤمن
Anu Ngurus Mahluk
=
يا مهيمن
Anu Maha Gagah
=
ياعزيز
Anu Maha Perkasa
=
يا جبّار
Anu Maha Agung
=
يا متكبّر
Anu Ngiptakeun
=
يا خالق
Anu Ngadamel
=
يا بارئ
Anu Ngabentuk rupa
=
يامصوّر


Anu  Ngahampura
=
ياغفار
Anu Seueur Maksa
=
يا قهّار
Anu Masihan Kurnia
=
يا وهّاب
Anu Ngarizkian
=
يا رزّاق
Anu Tukang mukakeun
=
يا فتّاح
Anu Maha Uninga
=
ياعليم
Anu Nyempitkeun
=
يا قابض
Anu Ngajembarkeun
=
يا باسط
Anu Ngahandapken
=
يا خافض
Anu Ngaluhurkeun
=
يا رافع     
Anu Ngamulyakeun
=
يا معزّ
Anu Ngahinakeun
=
يا مذلّ
Anu Ngadangu
=
يا سميع
Anu Ningali
=
يا بصير
Anu Ngahukuman
=
يا حكم
Anu Adil
=
يا عدل




















BIDANG FIQIH

Ø    SUSUCI  KU  BATU

Syarat nyukupkeun susuci ku batuna
Eta aya dalapan kade pohona
Hiji batuna kudu tilu kabehna
Tawa hiji batu tilu juruna
Ngitung tilu saba’da dibersihkeun
Ngabersihkeun di itung sabalikan 
Kaduana najis entong waka pindah      
Tina tempat pangbijilan nu geus mernah
Katiluna ulah garing najisna                 
Kaopatna hingga bersih tempatna
Nu disebut bersih leungit jentulna     
Sesa batu tapakna di hampurana
Ka limana ulah aya najis sejena
Ka genepna tong liwat kana gigirna                                               
Ka Tujuhna najis ulah kacaian
Ka dalapan batuna teh suci pisan  




Ø    PARDUNA    WUDLU

Pardu wudu aya genep kabehna                
 Hiji niat nalika ngumbah beungeutna                                                                              
Dua ngumbah beungeut masing walatrana                                       
Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikuna                                                             
Opat ngusap saeutik tina sirahna                        
Lima ngumbah suku mumuncangana                                                                       
Genep tartib hartina eta perele   
Migawena nurut nomor Tong  pahili             


Ø    ANU NGABATALKEUN KANA WUDLU

Batalna wudu ku salah sahijina                     
Tina anu opat perkara kabehna
Hiji pedah aya anu kaluarna                           
Tina palawangan hareup boh tukangna
Mangrupakeun angin atawa liana                 
Anging nu kaluar mani teu batalna
Kaduana eta ku hilang akalna                         
Ku sasab sare atawa liana
Anging nu sarena nu bari diukna                
Nu netepkeun dina pangdiukanana


Katiluna  paantel dua kulitna           
Awewe lalaki kade duanana
Tur paantel pada deungeun duanana        
Sarta antel teu aya hahalangna
Ka opatna ngarampa lawang  hareupna     
Atawa bubuleud lawang nu tukangna
Ti manusa ku dampal tampah leungena
Atawa dampal - dampal tina ramona

Ø    PAHARAMAN KA JALMA NU TEU BOGA WUDLU

Nu teu boga wudu haram migawena
Sala sahiji nu opat perkarana
Hiji haram sholat dua haram towap   
Tilu nyabak ka opatna mawa mashaf       
      
Ø    NU NGAWAJIBKEUN KANA ADUS

Nu ngawajibkeun Adus genep kabehna           
Hiji ngasupkeun hasapah ka parjina
Dua bijil mani najan teu jima’na                        
Tilu haid netepan kana patokna
Opat nipas geutih ba’da ngalahirkeun             
Lima ngalahirkeun najan teu getihan
Genep maot wajib di adusannana   
Nu lain syahid sarta jalma muslimna          

Ø    PARDUNA ADUS

Pardu adus aya dua kabehna
Hiji niat ngawitan ngumbah badana
Dua ngawalatraan kabeh badana
Ku  caina  kana  sakabeh  badana                     

Ø    PAHARAMAN KA JALMA ANU JUNUB

Haram ka nu junub sala sahjina 
Tina sakabeh perkara nu genepna            
Hiji sholat dua towap ka tiluna   
Nyabak Qur an ka opatna mawana                      
Kalimana haram cicing di masjidna
Ka genepna haram maca Quranna     

Ø    SABAB - SABAB MIGAWE TAYAMUM

Ari sabab anu matak ngawajibkeun
Kana tayamum tilu rupa apalkeun
Hiji euweuh cai ba’da di teangan
Dua gering nu madorot kacaian           
Katiluna caina teh dibutuhkeun                     
Halabhab jg hayawan syara’ ngamulyakeun




Ø    SYARAT  TAYAMUM
Syarat  tayamum sapuluh perkarana            
Hiji tayamum ku taneuh asalna
Ka dua taneuh na teh kudu sucina                 
Tilu taneuh ulah tilas susucina
Ka opat na teh ulah kacampuran                    
Ku tipung atawa bangsa kekeprulan
Lima ngusap beungeut reujeung panonna   
Ku dua balik ulah ku sabalikan
Genep kudu ngahilangkeun najisna                
Ti samemeh prakna laku tayamum na
Tujuh kudu ngamaksud tayamumna              
Ulah kagok pedah taneuh na bangetna
Ka dalapan kudu nganyahokeun nana   
Kana kiblat samemeh tayamum na
Ka salapan kudu geus manjing waktuna
Sapuluh tayamum jeung saban parduna

Ø    PARDUNA  TAYAMUM

Parduna tayamum lima perkarana               
Ka hijina kudu mindahkeun taneuhna
Dua niat dina waktu keur mindahkeun
Tilu ngusap beungeut sing walatra  pisan
Opat ngusap leungeun sarta sikuna   
 Lima tartib  perele dina ngusapna       






Ø    PANGBATALAN  TAYAMUM

Ari anu ngabatalkeun tayamumna             
Eta tilu sing apal hiji - hijina
Hiji nu ngabatalkeun kana wuduna            
Geus kaliwat aya opat kabehna
Dua murtad kaluar tina islam na                 
Nu ka tiluna nyangka aya caina
Kitu soteh lamun tayamum pedahna       
Euweuh cai lamun teu kitu batalna
           
Ø    PANGUDURAN  SHOLAT

Udzur sholat teu dosa ku ngantuna           
Tapi tetep wajib Qodo saba’dana
Aya dua ka hiji sabab sarena                       
Yaqin sarena lain nundutannana
Dua lain nu di popohokeunnana  
Najan poho nukatalanjurannana    

Ø    SYARATNA   SHOLAT 

Syarat  solat aya dalapan kabehna            
Hiji kudu suci tina hadastna
Hadast leutik tegesna boga wuduna         
Hadast  gede teh nu wajib adusna
Dua kudu suci tina najisna 
Pakean badan reujeung tina tempatna
Tilu kudu buni nutupan ‘auratna               
Anu ngahalangan  kana katempona
Ti  luhur ti gigir  jeung sakurilingna  
        
Ti handap mah heunteu wajib bunina
Atuh kolom kabuka keneh auratna
Mun di pindingan ku kaca da tembongna
Kolom cukup  kana buni  ‘auratna             
Lamun di tutup ku leutak  teu tembongna
Ka opatna  kudu madep kiblatna              
Ngareken na madep na teh ku dadana
Kalimana kudu manjing waktuna          
Genep kudu nyaho kaparduannana
Tujuh ulah nekad keun kana farduna       
Di tekad keun kana gawe sunatna
Ka dalapan kedah ngajauhan nana
Tina nu ngabatalkeun kana solatna       

Ø    RUKUN SOLAT

Rukun  solat tujuh belas kabehna         
Hiji neja niat solat ku hatena
Dua  takbirotul ihrom pang heulana      
Tilu  nangtung nu kaduga na farduna
Ka opatna kudu maca fatihahna           
Apal di  wuruk sah maca tulisna          
Lima ruku’ eta bari dongkona               
Genep tumaninah dina ruku’na
Tujuh  i’tidal  ajeg antas ruku’na           
Dalapan tuma’ninah na  i’tidalna
Ka salapan sujud sarta dua kali              
Sapuluh nyalse na sujud dua kali
Sabelas diuk antara sujud duana          
Dua belas nyalse dina diukna


Tilu belas tahiyat anu akhirna               
Opat belas diuk tahiyat akhirna
Lima  belas maca solawat ka Nabi         
Na diuk tahiyat ahir masing suci
Genep belas asalamu’alaikum 
Tujuh belas kudu tartib masing faham              

Ø    PANGBATALAN  SOLAT

Nu ngabatalkeun solat opat belasna          
Hiji hadast sanajan teu ngahajana
Dua  katibaan nana ku najisna  
Mun teu di alungkeun pada haritana                   
Tur henteu kungsi ka bawa ku dirina
Waktu miceun mun ka bawa batalna           
Tilu narima kabuka ‘auratna  
Mun teu di tutupan pada haritana                       
Opat  Ngomong anu ngandung hartin       
Najan eta ngomong teu aya hartina
Atawa sahurup ngan aya hartina                  
Batal soteh lamun ngomong di hajana
Ngomong tawa batuk tarik di tambahna
Ngandung hurup tetep batal ngahajana
Omongan nu teu patali jeung solatna              
Nu patali cara Amin teu batalna
Kitu deui madorot picilakaeun                        
Teu batal cara ku urang di bejaan
Ka lima migawe anu ngabatal keun              
Kana puasa bari anu ngahajakeun
Ka genep dahar nu loba teu ingetna
Tujuh tilu usikan tuluy - tuluyna

Najan poho nu tilu usikeunnana                    
Atawa bodo nu teu di hampurana
Kajaba usikan ramo dampalna                       
Teu ka usikeun teu matak batalna
Atawa ngalengkah nu eureun-eureunnan
Najan tilu lengkah teu matak batalna
Ka dalapan ngajleng anu poharana                
Najan di tempat da gerak kabehna
Salapan neunggeul nu luar biasana                
Sapuluh nambahan rukun pi’lina
Tur ngahaja dina ngaleuwihannana               
Cara sujud tilu kali raka’atna
Ka sabelas miheulaan ka imamna                  
Ku sarukun anu bangsa pi’lina
Lamun mihelaan na teh ku sarukun      
Bangsa Fi`li eta haram ngalakonan
Mun mihelaan na teh ku satengah rukun
Bangsa fi`li eta makruh hukumna
Nya kitu deui ninggalken rukunna         
Taya udzur eta batal hukumna
Kajaba mun niat megatken solatna         
Dua rukun anu bangsa fi`li na
Dua belas niat megatken solatna
Najan di tuluyken batal solatna
Tilu belas ngagantungken di pegatken
Kana solat nu kahiji kajadian
Najan eta solat dipigawena                      
Nepika tamat teuteup batal solatna
Opat belas mang-mang dina rek megatkeun   
Kana solat sabab taya galibna


Ø    NU NGAWAJIBKEUN PUASA BULAN RAMADHAN

Nu ngawajibkeun puasa bulan Ramadhan
Sala sahiji nu lima tong nyalahan     
Ka hiji kudu sampurna bulan Sya’ban
Tilu puluh poe naker jejeg keun              
Dua sabab nempo tanggal jeung manahna     
Sanajan dirina paseq ceuk syara’na 
Tilu ngadenge tanggal tinu ‘adil na                   
Najan maneh na teu nempo riwayat na
Opat ngadenge beja tinu ‘adil na                      
‘Adil riwayat na nu ka piandel na 
Rek percaya dirina tawa henteu na  
Nu ka piandelan nu mere beja na               
Mun nu mere nu ka piandel na                         
Wajib puasa lamun percaya na
Lima nyangka tos asup bulan Romadon na
Ku ijtihad na anu sampurna na        

Ø    SYARAT  SAHNA  PUASA

Syarat sah puasa opat perkara na
Hiji islam jalma anu puasa na                
Dua boga ‘akal sanajan can balegna 
Tilu suci tina upama  hed na          
Cara nifas ngajuru jeung kaluarna                
Tah nu kitu puasana di haramkeuna
Ka opatna puasana ngayaqinkeun   
Kana poena tanpa di puasaan            
Atuh henteu sah eta poe lebaran 
Poe tasrek tilu puluh bulan Romdon               



Ø    SYARAT  WAJIBNA  PUASA

Syarat wajib puasa lima perkara
Hiji islam dua kataklip katara             
Ka tiluna jalmana  pikadugaeun
Henteu wajib pikeun jalma anu pikun
Ka opat jalma sehat dina badana
Lima cicing jalmana teu leuleumpangan               

Ø    RUKUN  PUASA

Rukun puasa tilu perkarana                           
Hiji niat ti peuting saban poena
Kitu soteh lamun puasa parduna                 
Lamun sunat kenging memeh lohorna
Dua ninggalkeun nu matak ngabatalkeun   
Bari inget jeung pilih na sorangan
Tur jalma bodo anu di hampura na               
Jauh ka jalma teu ngadengekeun nana
Tilu jalma anu jadi puasa na
Tinggal ngabatalkeun pedah puasa na                           

Ø    ANU NGABATALKEUN PUASA

Ari anu ngabatalkeun puasa na                     
Tujuh rupa sing apal hiji-hijina
Hiji murtad dua hed tilu nifas na                   
Opat ngajuru ka lima nu gelo na
Gelo ngadadak  keur tengah puasa na          
Najan sakeudeung lain gelo lila na
Genep sakalor ka tujuh weureu na     
Weureu ngahaja jeung lila sapoe na         

Ø    PIRANG - PIRANG WARNA BUKA DI BULAN ROMADON

Bocor bulan Romadon opat hukumna         
Hiji wajib cara hed jeung nifasna 
Dua wenang nu lumaku jeung geringna      
Tilu bebas hukum cara nu gelona
Opat  haram  ngahirkeun kana Qodona
Sarta imkan hingga beakeun waktuna       

Ø HUKUM AKIBAT BUKA/ BOCOR DI BULAN RAMADHAN

Akibat bocor dina Romadon hukumna
Aya opat sing telik hiji - hijina         
Hiji wajib qodo reujeung pidyahna                 
Anu bocor mang paurkeun nu sejena
Cara anu bocor nyaah ka wargi na                   
Nu nabeuteung reujeung nu di susuanna
Bari jeung ngakhirkeun kana qodona              
Hingga datang taun anu ka duana
Padahal imkan qodo nu ka hijina                     
Tapi ngengke keun hingga tamat taunna
Kadua na anu misti qodona                              
Henteu kudu di barengan ku pidyahna
Cara jalma anu bocor biyasana                       
Boh doraka tawa henteu ku bukana
Katilu na wajib pidyah teu qodona                  
Aki - aki Nini - nini teu mampuna
Ka opat teu wajib qodo jeung pidyahna
Jalma gelo teu ngahaja ku gelona      






 

            AL QURAN


1.      MEMBACA DAN MENULIS
(Guru harus melatih bacaan murid dan melatih tulisan murid dengan baik dan benar, dan untuk materinya yaitu Iqro 5 dan 6)
2.      HAFALAN
Guru harus melatih hapalan murid dengan cara menalar surat-surat pendek dan untuk materinya yaitu dari surat Al- Adiyat- Adduha



















 

             SEJARAH


PELAJARAN TARIKH ISLAM
1. GUSTI URANG SADAYANA, MUHAMMAD SAW.
1.1. Ari Nabi Muhammad eta utusan Alloh SWT. Pikeun sakabeh manusa. Panutup para Nabi, jeung Pimpinan Para Rosul/Utusan Alloh SWT.
1.2. Sumpingna Kangjeng Nabi bari nyandak Agama Islam. Anu dina poe Qiyamah, Alloh moal narima Agama, salian Agama Islam.
1.3. Kangjeng Nabi teh katurunan Quraesy. Mangrupakeun Qobilah termulia di Negara Makkah.
1.4. Katurunan Kangjeng Nabi Muhammad, nyambung sareng Nabi Isma'il bin Ibrahim.

PERTANYAAN:
1.1. Saha ari Nabi Muhammad SAW teh?
1.2. Naon anu dicandak ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
1.3. Ti Qabilah mana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
1.4. Kasaha nyambungna, turunan Kangjeng Nabi?



2. KATURUNAN JEUNG PUPUSNA RAMA KANGJENG NABI
2.1. Ramana Kangjeng Nabi nyaeta Abdulloh bin Abdul Mutholib bin Hasyim bin Abdi Manaf bin Qushoy bin Kilab.
2.2. Ibu Kangjeng Nabi, nyaeta Aminah binti Wahab bin Abdi Manaf bin Zuhroh bin Kilab.
2.3. Patepung turunan ti Ibu jeung ti Rama-Na, di Eyang nu kalima, Kilab.
2.4. Rama Kangjeng Nabi pupus dina umur dalapan belas tahun. Waktos Anjeuna masih dina lebet kandungan Ibu-Na. Dipendemna di Madinah. Dina kaayaan, teu ngantunkeun harta sakedik-kedik acan.

PERTANYAAN:
2.1. Sebutkeun turunan Kangjeng Nabi, ti jihat Ibu-Na?
2.2. Sebutkeun turunan Kangjeng Nabi, ti jihat Rama-Na?
2.3. Disaha tepung turunan Kangjeng Nabi, ti jihat Ibu jeung ti jihat Rama-Na?
2.4. Iraha pupusna, Rama Nabi Muhammad SAW?
2.5. Dimana dipendemna, Rama Nabi Muhammad SAW?

3. KALAHIRAN SARENG PANYUSUAN KANGJENG NABI
3.1. Kangjeng Nabi lahir di Mekah, tanggal 12 Rabi' al-Awwal, taun Gajah.
222
222
3.2. Taun lahir Nabi Muhammad, disebut tahun gajah. Sabab dina eta tahun Raja Habsyi, ngutus balatentarana ka Mekkah, pikeun ngancurkeun Ka'bah. Anu kendaraan balatentarana, Gajah.


       Tapi ku Alloh SWT dihancurkeun. Sabab ngamulyakeun poean lahirna Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
3.3. Kangjeng Nabi saba'da disusuan ku Ibuna, anjeunna disusuan ku Tsuwaebah Aslamiyyah, anu jadi bujang Pamanna (Abu Lahab). Tuluy ku Halimah Assa'diyyah, dugi ka yuswa opat taun.

PERTANYAAN:
3.1. Iraha Kangjeng Nabi Muhammad SAW dilahirkeun?
3.2. Dimana Kangjeng Nabi Muhammad SAW dilahirkeun?
3.3. Naon sababna taun kalahiran Rosululloh, disebut taun Gajah?
3.4. Saha anu nyusuan ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, saba'da Ibuna?

4. WAFATNA IBU KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW.
4.1. Ibu Nabi pupus, waktos Nabi yuswa 6 taun, waktos mulih ti Madinah.
4.2. Angkatna Ibu Nabi Muhammad ka Madinah, kanggo Ziarah ka pakuburan Rama Nabi. Ibu Nabi, disarengan ku Abdul Mutholib (Aki Nabi).
4.3. Ibu Nabi dipendem ditanah Abwa. Nyaeta, hiji kampung antara Mekkah sareng Madinah.   
4.4. Saba'da Ibu-Na pupus, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, dirorok ku Ummu 'Aeman (Bujang Ramana)


PERTANYAAN:
4.1. Iraha pupusna Ibu Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
4.2. Bade naon, Ibu Nabi Muhammad SAW angkat ka Madinah?
4.3. Dimana dipendemna Ibu Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
4.4. Saha anu ngarorok Kangjeng Nabi, saparantos Ibu-Na pupus?

5. NGURUS, NGADIDIK JEUNG PUPUSNA AKI NABI    MUHAMMAD SAW
5.1. Saparantos pupus Ibu Kangjeng Nabi, anu ngurus pendidikan Nabi, Akina. Nyaeta Abdul Mutholib. Anu mikacinta ka Kangjeng Nabi, langkung, manan mikacinta para putrana.
5.2. Waktos yuswa  Nabi, dalapan taun. Abdul Mutholib, pupus. Saparantos ngurus sareng ngadidik Kangjeng Nabi, salami dua tahun.
5.3. Saba'da Abdul Mutholib pupus, Nabi ditanggel waler paman-Na, Abu Tholib. Anjena termasuk jalmi Faqir, tapi rizqina ku Alloh dilebarkeun.
5.4. Kangjeng Nabi, dina waktos ditanggel waler ku paman-Na, sok ngalap cukup ku pembagian ti Alloh SWT.

PERTANYAAN:
5.1. Saha anu ngadidik Kangjeng Nabi, saba'da pupus Ibu-Na?
5.2. Iraha Aki Nabi Muhammad SAW pupus?
5.3. Saha anu nanggung jawab ka Nabi, saparantos pupus Aki-Na?
5.4. Kumaha tingkah Kangjeng Nabi, salami dina tanggung jawab paman-Na?

   6. NABI NGANGON DOMBA JEUNG ANGKAT KA SYAM NU KAHIJI
6.1. Kangjeng Nabi waktos keur alit, sok ngangon domba kagungan urang Mekkah. Kalayan buruh, kanggo kahirupan Kangjeng Nabi.
6.2. Waktos yuswa Nabi salapan tahun. Anjeun-Na angkat ka Syam sareng paman-Na pikeun dagang.
6.3. Waktu, tos caket ka Bashroh, Kangjeng Nabi katingalien ku pendeta Bahiro. Teras ngawartosan ka paman Nabi, yen iye jalmi, bakal jadi Nabi panutup. Pendeta Bahiro miwarang supaya marulih deui ka Makkah, margi mikarempan tina gangguan musuh nu ngawaskeun ka Nabi.
6.4. Ka-Nabi-an Kangjeng Nabi, dituduhkeun ku pirang-pirang ciri, anu aya dina kitab-kitab Akhli Kitab.

PERTANYAAN:       
6.1. Naon padamelan Kangjeng Nabi Muhammad SAW, dina waktos alit?
6.2. Iraha Kangjeng Nabi angkat ka Syam anu ka-hiji?
6.3. Saha anu ningali ka Kangjeng Nabi, dina waktu tos caket ka Bashroh?
6.4. Naon nu diwartoskeun ku Pendeta Bahiro ka Paman Nabi?
6.5. Naon pamenta Pendeta Bahiro ka Nabi Muhammad SAW?
6.6. Timana kapendakna, yen Nabi teh, Pi-Nabieun?


7.  ANGKAT KA SYAM NU KADUA
7.1. Dina waktos Nabi yuswa 25 taun, Anjeuna angkat deui ka Syam anu kadua kalina, bari nyandak dagangan Siti Khodijah.
7.2. Siti Khodijah teh nyaeta, hiji istri anu mulia tur beunghar. Sok muruhkeun ka lalaki pikeun ngurus hartana.
7.3. Siti Khodijah mercantenkeun ka Nabi Muhammad, kana dagang.       Margi, Siti Khadijah teurangeun kana kajujuran Nabi.
7.4. Kangjeng Nabi Muhammad SAW, angkat ka Syam nu kadua kalina disarengan ku Maesaroh (Bujang Siti Khodijah). Aranjeuna dagang, kalayan nyandak bati anu kacida ageungna.

PERTANYAAN:
7.1. Iraha Kangjeng Nabi angkat ka Syam anu kadua?
7.2. Bade Naon, Kangjeng Nabi Muhammad SAW angkat deui ka Syam?
7.3. Saha, Siti Khodijah teh?
7.4. Naon sababna, Siti Khodijah mercantenkeun dagang ka Kangjeng Nabi?
7.5. Disarengan kusaha, angkatna Kangjeng Nabi teh?






8.  PERTIKAHAN KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW KA SITI KHODIJAH
8.1. Saba'da dua bulan Kangjeng Nabi teh mulih ti Syam anu kadua kalina teras nikah ka Siti Khodijah, anu ngalamar ka Kangjeng Nabi.
8.2. Waktos nikah, Yuswa Siti Khodijah 40 taun, Kangjeng Nabi 25 taun.
8.3. Sateuacan nikah ka Kangjeng Nabi, Siti Khodijah nikah ka Abi Halah. TiAbi Halah nu tos maot, gaduh putra, namina Halah.
8.4. Siti Khodijah nikah sareng Nabi salami 25 tahun, dugi ka pupusna.

PERTANYAAN:
8.1.Iraha, nikah Kangjeng Nabi Muhammad SAW ka Siti Khodijah?
8.2.Sabaraha taun yuswa Siti Khodijah, waktos nikah ka Kangjeng Nabi?
8.3.Sabaraha taun yuswa Kangjeng Nabi, waktos nikah ka Siti Khodijah?
8.4.Sateuacan nikah ka Kangjeng Nabi, Siti Khodijah nikah ka saha?
8.5.Sabaraha taun, lamina, nikah Siti Khodijah ka Kangjeng Nabi?

9. KAPUTUSAN KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW DINA NYIMPEN HAJAR ASWAD DIANTARA KAUM QURAESY

9.1. Waktos yuswa Nabi 35 tahun, urang Quraesy ngaruksak Ka'bah, aranjeuna nganyarkeun deui.


9.2. Nabi disarengan kaum Quraesy, waktu ngadegkeun Ka'bah. Anjeuna nyimpen batu sareng gegeden Quraesy, disarengan Paman-Na, Abbas.
9.3. Kaum Quraesy selisih faham (Ikhtilaf), masalah, saha anu rek neundeun Hajar Aswad kana tempatna. Aranjeuna sepakat, nu rek neundeunna, nyaeta,      saha wae nu pangheulana asup ka Masjid.
9.4. Anu pangpayunna lebet ka Masjid, Kangjeng Nabi. Antukna urang Quraesy barungaheun, bari nyarita; "Kami ridlo, ku, Nu kapercaya".
9.5. Rosululloh nyimpen Hajar Aswad dina sorban-Na, bari nyuprih nyepeng tungtung sorban ka gegeden Quraesy, tur, miwarang dikaluhurkeun. Saba'da dugi kana tempatna, dicandak ku Panangan Nabi, langsung disimpen. Saba'da kitu, perselisihan diantara kaum Quraesy, leungit.   Bari kaum Quraesy kaget, tina kahebatan pangemut Kangjeng Nabi.

PERTANYAAN:
9.1. Iraha urang Quraesy nganyarkeun bangunan Ka'bah?
9.2. Naha Kangjeng Nabi Muhammad sasarengan, jeung urang Quraesy?
9.3. Masalah naon nu terjadi diantara kaum Quraesy, waktu harita?
9.4. Saha anu pangpayuna lebet ka Masjid?
9.5. Kumaha cara penyelesaian Kangjeng Nabi, dina Masalah Hajar Aswad?  



10. MUNCULNA KANGJENG NABI, DIKALANGAN KAUM QURAESY
10.1. Kangjeng Nabi muncul dikalangan kaum Quraesy, lantaran sifat sae-Na. Saperti; bener, kapercaya, hilim, Boga Kaera jeung Tawadlo, sahingga anjeun-Na dipasihan gelar "Al-Amin".
10.2. Umat jeung kulawargi Nabi, sangat ngamulyakeun ka Anjeuna.
10.3. Kangjeng Nabi ti waktos alit, dijaga ku Alloh SWT tina pagawean Jahiliyyah. Teu pernah nginum arak, teu pernah nyembah Patekong.
10.4. Alloh SWT ngamulyakeun ka Muhammad SAW ku rupa-rupa Mu'jizat (Irhash). Anu nuduhkeun agung-Na di waktos kapayun. Diantarana: Mega sok ngiuhan anjeun-Na, waktos berangkat ka Syam nu kadua.

PERTANYAAN:
10.1. Ku sabab naon Kangjeng Nabi onjoy, dikalangan kaum Quraesy?
10.2. Naha ari umat Nabi mikacinta ka anjeun-Na?
10.3. Naha Kangjeng Nabi pernah midamel pagawean Jahiliyyah?
10.4. Ku naon Alloh ngamulyakeun Muhammad, sateu acan janten Nabi?. 





11. PERIBADAHAN KANGJENG NABI SATEUACAN JANTEN ROSUL
11.1. Waktu tos caket, kana yuswa 40 tahun, Kangjeng Nabi mikaresep kana ngajauhan ti manusa. Anjena, langkung manco kana Ibadah.
11.2. Nabi milih tempat ibadah di Gua Hiro. Nyaeta hiji Gunung, anu aya, beh luhur, jalan ka Mekah.
11.3. Anjeuna sok nyandak bekel. Upami tos seep, mulih heula ka Istrina, kanggo nyandak bekel.
11.4. Kangjeng Nabi ibadah, kalayan netepan Syari'at Agama Nabi Ibrahim. Ti kawit sapuluh dinten, dugi ka sabulan.

PERTANYAAN:
11.1. Iraha, Kangjeng Nabi, kawit mikaresep tebih ti manusa?    
11.2. Dimana, tempat ibadah Kangjeung Nabi, waktos harita?
11.3. Timana Kangjeng Nabi Muhammad SAW nyandak katuangan?
11.4.  Kalayan Syare'at Agama saha, Kangjeng Nabi Muhammad SAW Ibadah?
11.5.  Sabaraha lami, waktos ibadah Kangjeng Nabi Muhammad SAW?







MASA YANG KEDUA
DARI KEHIDUPAN ROSULULLOH SAW

1. KAWITAN LUNGSUR WAHYU
1.1. Nalika yuswa Nabi 40 tahun, Anjeuna diutus ku Alloh SWT kanngo: Ngabubungah, Nyingsieunan, ngajak kana bener, jeung nyaangan.
1.2. Lungsurna wahyu dikawitan ku Impenan (Ru'ya), kalawan impenan bener. Saba'da eta, Anjeuna teu pernah ngimpen waktos kulem, hiji perkara oge. Kecuali, buktos, dina kaayaan nyaring.
1.3. Kangjeng Nabi kalungsuran Malaikat Jibril (Ruuhul Amiin). Waktos harita, Kangjeng Nabi nuju ibadah di Guha Hiro.
1.4. Malaikat Jibril ngawurukan ka Kangjeng Nabi, kana, kumaha carana nuduhkeun manusa kana jalan anu bener (Agama Islam).

PERTANYAAN:
1.1. Iraha diutusna Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
1.2. Kumaha mimitina lungsur wahyu ka Nabi?
1.3. Saha anu lungsur, masihkeun wahyu Alloh SWT ka Nabi?
1.4. Waktos Malaikat Jibril sumping, aya dimana Kangjeng Nabi?
1.5. Naon, anu diwurukkeun Malaikat Jibril ka Kangjeng Nabi?




2. KABIASAAN URANG ARAB, MEMEH LAHIR AGAMA ISLAM
2.1. Urang Arab, memeh datang Islam, Malusyrik jeng nyembah Patekong.
2.2. Urang Arab sok maehan anak-anakna, kasienan kalaparan jeung fakir.
2.3. Urang Arab sok ngubur koropes anak-anak awewe maranehna. Sabab, awewe dianggap sumber wirang jeung sumber kacacadan.
2.4. Urang Arab sok  parerang (peucah), marebutkeun perkara teu pira.

PERTANYAAN:
2.1. Naon nu sok di ibadahan ku urang Arab, samemeh datang Islam?
2.2. Naon sababna, urang Arab sok maraehan anak-anakna?
2.3. Naon alesana, urang Arab sok ngubur koropes anak-anak awewena?
2.4. Naha ari urang Arab ngahariji?

3. DAKWAH SIRRI/SUSULUMPUTAN
3.1. Nabi ngawitan Dakwah Sirri, saparantos lungsur surat Al-Muddatsir:
يَا َا يُّهَاالْمَدَّثِرُ  *  قُمْ فَأَنْذِرُ  *  وَرَبَّكَ فَكَبِّرْ  *  وَثِيَابَكَ فَطَهِّرُ  *
وَالرُّجْزَ فَاهْجُرْ *  وَلا َتَمْنُنْ تَسْتَكْثِرُ *  وَ لِرَبِّكَ فَاصْبِرْ  *
Hartina:
"Hai anu disimbut. Kudu hudang anjeun, tuluy nyingsieunan. Ka Pangeran, anjeun, kudu ngagungkeun. Kana baju, anjeun kudu ngaberesihkeun. Kana Patekong, anjeun kudu ngancurkeun. Anjeun, ulah rek mere, bari ngarepkeun dibere leuwih loba. Jeung ka Pangeran anjeun, anjeun kudu sabar".


3.2. Nabi, ngajak ka ahli Baet jeung ka rerencangan-Na. Anu ngabenerkeun  Anjeun-Na, tegesna, jalma-jalma nu nekadkeun benerna ka-Rosulan anjeun-Na.
3.3. Kangjeng Nabi, ngajak ka jalma-jalma. Kana ibadah ka Alloh SWT. Alloh     anu hiji. Ngajak, supaya welas-asih ka papada manusa. Ngajak bersatu, diantara papada manusa. Ngajak, ninggalkeun papaseaan/perkelahian.
3.4. Pangna Kangjeng Nabi, ngawitan Dakwah, ku cara Dakwah Sirri. Margi sieun/rempan, tina kagetna manusa, kana perkara anu can arapaleun jeung  can ngaruping kana ajaran Agama Islam.

PERTANYAAN:
3.1. Iraha mimitina Dakwah Sirri?
3.2. Saha bae, anu diajak ku Kangjeng Nabi?
3.3. Kana naon, Kangjeng Nabi, ngajak ka manusa?
3.4. Naon margina, Kangjeng Nabi ngawitan Dakwah, ku cara, Dakwah Sirri?

4. NU PANGPAYUNNA IMAN
4.1. Anu pangpayunna Iman ti golongan istri, nyaeta Siti Khodijah, garwa Anjeuna. Anjeunna nekadkeun, kana kabeneran Kangjeng Nabi Muhammad  jadi Rosul Alloh SWT. Karana Siti Khodijah, ningalieun mangpirang-pirang bukti    jeung ciri,


        anu nuduhkeun kana jadi Nabi-na Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Khususna, ciri, ka-Nabian nu terjadi, dina waktos perjalanan angkat dagang Kangjeng Nabi sareng Maesaroh.
4.2. Anu pangpayunna Iman ti golongan barudak, saderek misan-Na, nyaeta,  Ali bin Abi Tholib.
4.3.  Anu pangpayunna Iman ti golongan pameget, Abu Bakar Shiddiq (rerencangan Kangjeng Nabi, di waktos Kangjeng Nabi,teu acan diutus). Abu Bakar Shiddiq, teu pernah jangji bohong. Oge, Zaed bin Haritsah (abid Kangjeng Nabi, anu teras dimerdekakeun ku anjeun-Na).
4.4. Abu Bakar Al-Shiddiq, oge, ngajak Iman ka sing nu dipikacinta ku anjeunna, jeung anu mikacinta ka anjeunna. Anjeunna berhasil. Diantawisna, 'Usman bin 'Affan sareng Zubair bin 'Awwam.
KKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKK
PERTANYAAN:
4.1. Saha anu pangpayunna Iman, ti golongan Istri?
4.2. Saha anu pangpayunna Iman, ti golongan lalaki?
4.3. Saha anu pangpayunna Iman, ti golongan Abid?
4.4. Saha anu pangpayunna Iman, ti golongan barudak?
4.5. Naon anu dilakukeun ku Abu Bakar Shiddiq, saparantos lebet Islam?




5. DAKWAH JAHRI/TERANG-TERANGAN
5.1. Dakwah Sirri, berjalan salami tilu taun. Sarta dina pertengahannana, seueur anu ariman ti rengrengan nu marulya jeung abid nu dimerdekakeun.
5.2. Saba'da Dakwah Sirri, Kangjeng Nabi, diparentah Dakwah Jahri/Dakwah terang-terangan. Dalil Al-Qur'anna.
فَاصْدَعْ   بِمَا تُؤْ مَرُ  وَأعْرِضْ  عَنِ  الْمُشْرِكِيْنَ.
Hartina:
"Kudu negrakkeun anjeun, kana perkara nu geus diparentahkeun ku Alloh SWT. Jeung kudu ngabalieur anjeun, ti jalma-jalma anu Musyrik".
5.3. Kangjeng Nabi naek ka Shoffa, ngagero kaom-Na, supaya lebet Islam. Saba'da kumpul, teras Nabi nyaurkeun; "Naha ari maraneh kebeh, ngabenerkeun     ka Kami, dina perkara anu dibejakeun ku Kami?. Maka kaum-kaum ngajawab;     Leres, kami sarerea, teu pernah coba-coba ngabohongkeun ka Anjeun, ti mimiti munculna Anjeun nepi ka ayeuna". Teras Kangjeng nabi sasauran; "Maraneh kabeh, kudu ngariksa diri-diri maraneh kabeh, tina Naraka. Saenyana kami, eta  anu nyingsieunan ka maraneh kabeh, tina siksaan anu pohara".
5.4. Tuluy Abu Lahab ngomong ka Kangjeng Nabi; "Cilaka Anjeun,                  hai Muhammad. Naha karana nu kieu?, Anjeun ngumpulkeun ka urang sarerea?".

    
      Teras Alloh SWT, nurunkeun wahyu, dina surat Al-Lahab.
تَبَّتْ  يَدَا أَبِى لَهَبِ؟.
Hartina:
"Cilaka, kadua leungeun Abu Lahab?".

PERTANYAAN:
5.1. Sabaraha taun lamina Dakwah Sirri?
5.2. Iraha, Kangjeng Nabi Dakwah Jahri/terang-terangan?
5.3. Kumaha, cara Dakwah Jahri Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
5.4. Naon, nu diobrolkeun ku Abu Lahab (paman Kangjeng Nabi)?
NNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNN
6. NABI NGEMPELKEUN KULAWARGINA
6.1. Kangjeng Nabi ngempelkeun kulawargina waktu lungsur Dawuhan Alloh;
وَ أ نْذِرْ  عَشِيْرَ تَكَ  ْا لأَ قْرَ بِيْنَ.
Hartina:
"Anjeun kudu nyingsieunan, ka kulawarga anjeun anu dareukeut".
6.2. Nabi, ngadugikeun, yen Anjeuna dijadikeun utusan Pangeran. Tugasna, nyingsieunan jalma-jalma, tina siksaan poe. Poean, nu, teu manfa'at harta jeung anak.
6.3. Kaom-kaom nyarios, kalawan cariosan leuleuy. Kecuali Abu Lahab,          anu kacida ngamusuhan ka Nabi Muhammad SAW.
6.4. Abu Lahab nolak pisan, manehna meredih, supaya Nabi dipasrahkeun. Abu Tholib sasauran; "Demi Alloh, Kami rek ngadukung Nabi, rek nyegah ka anjeun".

PERTANYAAN:
6.1. Iraha Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ngempelkeun kulawargi-Na?
6.2. Naon, nu disaurkeun ku Kangjeng Nabi?
6.3. Kumaha jawabna kaom-kaom, ka Nabi?
6.4. Saha anu nolak Dakwah Kangjeng Nabi Muhammad SAW?

7. PANAS HATE URANG QURAESY KA KANGJENG NABI SAW
7.1. Kacinta kaom Quraesy ka Nabi, diganti ku benci. Nu deukeut ka Nabi,  jadi jauh. Kabeneran Nabi, dianggap bohong. Padamelan Nabi, jadi ejekan.
7.2. Kajadian anu tadi, terjadi, dina waktu Nabi Muhammad ngajak ka kaom Quraesy, supaya ibadah ka Alloh SWT. Nyacad pangeran, nu dianggap atawa dijadikeun pangeran ku urang Quraesy. Nyalahkeun, jeung nganggap sasar, ka sing saha jalma anu nyembah Patekong.
7.3. Urang Quraesy laleumpang ka Paman Nabi, marenta, supaya  Abu Tholib nyegah Muhammad, tina nyarekan kanu dianggap pangeran ku maranehna. Jeung tina nganggap sasar, ka bapak-bapak maranehannana.

7.4. Abu Tholib nolak ka urang Quraesy, kalawan tolakan anu hade. Rosul mah, terus nyebarkeun Agama Islam, jeung ngaluhurkeun Kalimat Bener.

PERTANYAAN:
7.1. Kumaha kacinta kaum Quraesy ka Nabi, saba'da diangkat jadi Rosul?
7.2. Iraha terjadina?
7.3. Naha urang Quraesy nyegah kana Dakwah Kangjeng Nabi?
7.4. Kumaha waleuran Abu Tholib ka urang Quraesy?
Distance betwestance betwee
8. DARATANGNA KAUM QURAESY KA NABI, BALIKAN KADUA KALINA
8.1. Saba'da kaum Quraesy nitenan, kana terusna Dakwah Kangjeng Nabi dina nyebarkeun Agama Islam, ditambih pengbela Paman Nabi ka Nabi. Sanggeus kitu, kaum Quraesy daratang deui ka Paman Nabi anu kadua kalina.
8.2. Urang Quraesy ngaromong ka Paman Nabi; "Kami sarerea teu salabar, kana dicarekanna bapak-bapak urang sarerea, dicacadna pangeran urang sarerea. Naha anjeun rek nyegah ka anak dulur anjeun, atawa rek ngijinan ka kami pikeun  nyegah anak dulur anjeun".




8.3. Paman Abi Thalib, nyauran ka Kangjeng Nabi, bari nyuprih, supaya Nabi liren tina ngalakukeun Dakwah. Abi Thalib, mikasieun gangguan kaum Quraesy         ka Kangjeng Nabi.
8.4. Kangjeng Nabi ngadawuh; "Demi Alloh, Kami moal ninggalkeun urusan Dakwah. Sahingga Alloh SWT ngadlohirkeun ieu urusan, atawa Kami ruksak (paeh), kusabab ieu urusan".

PERTANYAAN:
8.1. Naon sababna kaum Quraesy daratang deui ka Paman Nabi?
8.2. Naon nu diobrolkeun ku kaum Quraesy ka Paman Nabi?
8.3. Kumaha waleran Paman Nabi?
8.4. Kumaha tindakan Paman Abi Thalib ka Kangjeng Nabi?
8.5. Kumaha waleran Kangjeng Nabi ka Paman-Na?

9. DARATANGNA KAUM QURAESY KA ABI THOLIB, ANU KATILU KALINA
9.1. Waktu kaum Quraesy apaleun, yen Abi Tholib teu daekeun nyaram ka Muhammad, kaum Quraesy daratang deui ka Paman Nabi, sarta Umaroh bin Walid.
9.2. Maranehna ngomong ka Paman Nabi; "Yeuh cokot ieu budak, jadikeun anak anjeun, pasrahkeun anak dulur anjeun, pikeun dipaehan ku kami".
9.3. Abi Tholib ngawaler; "Kacida pisan gorengna pamenta aranjeun. Naha pantes, maraneh mikeun anak maraneh supaya diurus ku kami; Ari Kami, mikeun anak Kami ka maraneh, pikeun dipaehan ku maraneh".       
9.4. Terus urang Quraesy baralik deui, bari rarugi. Sementara, Nabi,             terus nyebarkeun Agama Islam, bari Abi Tholib tetep ngabela.

PERTANYAAN:
9.1. Kunaon urang Quraesy daratang deui ka Paman Rosululloh?
9.2. Naon nu diomongkeun ku urang Quraesy ka Paman, Abi Tholib?
9.3. Kumaha waleran Abi Tholib ka urang Quraesy?
9.4. Naha Rosululloh liren, tina nyebarkeun Agama Islam?
IIIVVVVVVVV
1. MILARAANNA KAUM QURAESY KA NABI MUHAMMAD SAW
1.1.Kaum Quraesy, ngamimitian milaraan ka Rosul jeung ngaguguyonkeun. Terutama, dina waktu rek Sholat. Saenggeus maranehna nempo kana terusna Dakwah Rosul. Jeung bumelana Paman Abi Thalib ka Rosululloh.
1.2. Kangjeng Nabi, narima pilarana kaum Quraesy ku jiwa hilim, sabar, welas jeung lebar dada. 
1.3. Pang kacidana anu milaraan ka Rosululloh, nyaeta Abu Jahal, Abu Lahab, 'Uqbah bin Abi Mu'ieth, jeung Walid bin Mughiroh.



1.4. Alloh SWT, nyiksa ka jalma anu ngaguguyonkeun dina saenggeus hijrah. Diantarana, aya anu dipaehan, aya anu diruksak ku panyakit, atawa gering.
PERTANYAAN:
1.1. Iraha kaum Quraesy ngamimitian milaraan ka Rosululloh?
1.2. Kumaha cara Rosululloh, dina menghadapi pilara ti kaum Quraesy?
1.3. Saha anu pangkacidana milaraan ka Rosululloh?
1.4. Naon bae, bentuk siksaan Alloh SWT keur kaum Quraesy, nu ngaguguyonkeun ka Rosululloh?

2. MILARAANNA KAUM QURAESY KA PARA SAHABAT NABI
2.1. Nalika kaum Quraesy narenjo, yen Rosululloh, jadi jalma anu mulya jeung terhormat. Akhirna kaum Quraesy, areureun tina milaraan ka Rosululloh.
2.2. Antukna, kaum Quraesy milaraan para Sohabat. Utamana, nu lalemah. Nyaeta, jalma-jalma anu teu bogaeun pamuntangan tulung secara lahiriah.
2.3. Tiap-tiap Qabilah, nyariksa, ka sing saha jalma, nu asup Agama Islam. Ku cara, dipanjara, diteunggeulan, teu dibere dahar jeung nginum, dilaparkeun-dihalabhabkeun. Sehingga, para Sohabat, teu kadarugaeun diuk, jeung teu arapaleun kanu diobrolkeun ku dirina. Sabab, banget lapareunnana.


2.4. Diantara jalma anu disariksa, nyaeta. Bilal bin Rabbah, Amar bin Yasir, dulur Amar bin Yasir, Bapakna katut Indungna. Jeung, Khobbab bin Arotti.

PERTANYAAN:
2.1. Iraha kaum Quraesy, mimiti eureun milaraan ka Rosululloh?
2.2. Tuluy, ka saha deui, milaraana kaum Quraesy?
2.3. Ku cara kumaha, milaraannana kaum Quraesy ka para Sohabat?
2.4. Sebutan, ngaran jalma nu disiksa ku kaum Quraesy!

3. PAMENTA KAUM QURAESY KA NABI MUHAMMAD SAW
3.1. Saba'da kaum Quraesy narempo, yen pilarana, euweuh manfa'atna, bahkan kalah nambah kaimanan jeung kayakinan kaum muslimin. Tungtungna, kaum Quraesy daratang ka Rosululloh SAW.
3.2. Urang Quraesy, menta, supaya Nabi ibadah ka pangeran maranehna, maranehna, arek ibadah ka Pangeran Nabi (toleransi ibadah). Walerna, Alloh nurunkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, surat Al-Kaafirun.
3.3. Sanggeus putus asa, tina sakabeh cara. Urang Quraesy menta ka Nabi, supaya mupus ayat-ayat Al-Qur'an nu mantak piambekeun. Ku sabab, nyacad        ka pangeran jeung ibadah maranehna. Atawa, Nabi, ngaganti Al-Qur'an kunu sejen.


3.4. Alloh ngalungsurkan wahyu-Na, sebagai jawab, keur kaum Quraesy:
قُلْ مَا  يَكُوْنُ لِى أَنْ  أُبَدِّلَهُ  مِنْ  تِلْقَائِى نَفْسِى  إِنْ  أَتَّبِعُ  إِلاَّ مَا يُوْحَى  إِلَيَّ.
Hartina;
"Ucapkeun, teu aya haq pikeun Kami, ngarobah Al-Qur'an, pikeun kahayang Kami. Kami teu nuturkeun, kecuali nu diwahyukeun ku Alloh SWT, ka Kami".

PERTANYAAN:
3.1. Ku naon, kaum Quraesy daratang ka Rosululloh?
3.2. Rek naraon, kaum Quraesy daratang ka Rosululloh?
3.3. Sebutkeun Wahyu Alloh, nu mangrupa jawaban keur kaum Quraesy?
3.4. Tuluy, naon deui, pamentana kaum Quraesy?
3.5. Kumaha jawaban ti Alloh?




 

              AKHLAQ


  1. Tatakrama ka Baraya sareng ka wargi
      Ari raka sareng rai teh jalmi anu pangcaketna ka anjeun saba’da ibu rama , upami anjeun hoyong ngabungahkeun ibu rama maka kedah sae kawargi, diantawisna:
1.      Ngahormat sareng mikaresep ka raka
2.      Nurut kana nasehatna
3.      Mikanyaah ka rai
4.      Ulah milaraan
5.      Ulah megatkeun baraya
6.      Ulah papaseaan
7.      Ulah sok ngareksak cocooan
8.      Kudu ageung hampura
9.      Ulah seueur heureuy margi sok aya nguneuk-nguneuk
10.  Ngahormat sareng nyaah ka wargi sareng putrana
11.  Midamel piwarangna
12.  Ngiring bingah upama anjeuna bingah
13.  Ulah megatkeun babarayaan
14.  Sawaktos waktos kedah ziarah ka wargi


  1. Tatakrama ka babaturan
1. Kudu silih pikacinta
2. Ngahormat ka saluhureun
3. Nyaah ka sahandapeun
4. Silih tulungan
5. Ameng sareng rerencangan waktos istirahat
6. Ulah ameng anu matak picilakaeun.
Lamun anjeun hayang dipikaresep ku babaturan maka:
- Ulah koret upami ditambutan
- Ulah takabur kupedah aya kalebihan
- Upami rerencangan anu bodo maka kedah ditulungan
- Upami kanu teu gaduh, kedah nyaah sareng nulungan sakamampuan
- Ulah sok meureunggut
- Ulah ngewa atawa hasud ka babaturan
- Ulah nyarekan atawa ngadu-ngadu
- Ulah susumpahan sanajan bener
- Ulah milaraan kujalan ngaherinan tempatna, nyumputken alat tulisna, molototan, ngareureuwas, upami nambut ulah nepika reksak.







3.      Tatakrama ka lingkungan (tatangga)
Ari tatangga teh nyaeta:
Ø   Jalmi anu bumi na caket sareng bumi anjeun,
Ø  Anu sok silih tulungan sareng silih tambutan barang sareng sepuh anjeun.
 Kumargi kitu anjeun kedah sae ka tatangga ku midamel ieu tatakrama :
1.         Mikanyaah sareng mikaresep ka para putrana
2.         Ningalikeun raray anu marahmay
3.         Ulah mumusuhan
4.         Ulah nyandak cocooan batur lamun teu aya widina
5.         Ulah takabur
6.         Upami gaduh tuangeun, bagi tatangga
7.         Ulah ngahina ka tatangaga
8.         Ulah ngagorowok upami waktos istirahat
9.         Ulah maledogan bumina
10.     Ulah ngotoran tembokna
11.     Ulah ngintip tina panto atawa jandela



oooooooooooo0oooooooooooo








enjangjamahsari@gmail.commadinah kelas3