![]() |

1.
AQOIDUL IMAN
Ari Aqoidul iman
Eta aya lima puluh perkara
Dua puluh anu wajib di Alloh
Dua puluh anu muhal di Alloh
Hiji nu wenang di Alloh
Jadi jumlah opat puluh hiji
Opat nu wajib di para Rosul
Opat nu muhal di para Rosul
Hiji nu wenang di para Rosul
Jadi jumlahna salapan
Salapan sareng opat puluh hiji
Jadi jumlah sadayana lima puluh
2.
SIFAT ANU WAJIB DI ALLOH
Wujud Qidam Baqo
Mukholafatulil Hawaditsi
Qiyamuhu Binafsihi
Wahdaniyyat Qudrot Irodat
‘Ilmu Hayat Sama’
Bashor Kalam Qodiron Muridan
‘Aliman Hayyan
Sami’an Bashiron Mutakalliman
Aya heubeul langgeng
Beda jeung sakabeh nu anyar
Jumeneng kalawan dzatna
Hiji Alloh dina Dzatna
Hiji na sifatna
Hiji padamelan nana
Kawasa kersa
Uninga hirupna
Ngadangu ningali
Sasauran bukti kawasa
Bukti Alloh kersa
Nu uninga nu hirupna
Bukti nu ngadangu
Nu ningali nu ngadawuh
Jadi sadayana
Anu wajib dua puluh
3.
SIFAT ANU MUSTAHIL DI ALLOH
Adam, huduts, fana, mumatsalah lil hawaditsi
Ihtiyaj, ta’addud, ‘ajzu, karohah
Jahlu, maot, shomma, ‘ama, abkam, ‘ajizan, karihan
Jahilan, mayyitan, ashomma, a’ma, abkama
Euweuh anyar ruksak
sarupa reujeung nu anyar
Butuh kana tempat
Sareng butuh kanu nganyarkeun
Bingbilangan dzatna
sifatna sareng damelna
Apes kapaksa
bodo maot torek lolongna
pireu bukti alloh
anu apes anu kapaksa
anu bodo maot
torek lolong anu pireu na
4.
SIFAT ANU WENANG DI ALLOH
Wenang di Alloh na
Midamel barang nu mumkin
Tina anu wajib
Midamel barang nu mumkin
5.
SIFAT ANU WAJIB JEUNG MUHAL DI ROSUL
Sidiq Amanah Tabligh Fatonah
Kidzib Khianat Kitman Biladah
Bener kapercaya ngadugikeun sareng pinter
Bohong cidra nyumputkeun tur bodo
6.
SIFAT ANU WENANG DI ROSUL
Wenang di Rosulna sifat manusia biasa
Kaya tuang leueut angkat kulem sajabina
محمد بشر وليس كالبشر # ويقوت حجر
وليس كالحجر
Muhammad teh manusa lain
manusa biasa
Kaya batu inten yaqut lain batu
biasa
7.
SIFAT ANU WAJIB DI
ALLOH
1.
SIFAT WUJUD
Hiji Wujud Aya Alloh
Mohal Alloh ta’ala teu aya
Ari dalil anu nuduhkeun kana
Wujud Alloh ta’ala
Aya dadamelan nana nyatana ieu
sakabeh alam
2.
SIFAT QIDAM
Dua Qidam teu aya mimitina
Ayana Alloh muhal aya mimitina
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana Qidam Alloh ta’ala
Lamun Alloh ta’ala anyar
Tangtu butuh kanu nganyarkeun
Henteu aya nu nganyarkeun nana
Atuh eta teh mustahil
3.
SIFAT BAQO
Tilu Baqo langgeng Alloh
Ayana Alloh muhal aya
tungtungna
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana Baqo Alloh ta’ala
Lamun Alloh ta’ala ruksak
Tegesna Alloh aya tungtungna
Tangtu Alloh ta’ala anyar
Sedeng lamun Alloh anyar
Kapan eta teh mustahil
Maka wajib Alloh Baqo
4.
SIFAT
MUKHOLAFATULLILHAWADITSI
Opat Mukholafatullil hawaditsi
Beda Alloh jeung sakabeh anu
anyar
Muhal Alloh sarupa jeung nu
anyar
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana Mukholafatullil hawaditsi
Lamun Alloh sarupa jeung nu
anyar
Tangtu Alloh ta’ala anyar
Sedeng lamun Alloh anyar
Kapan eta teh mustahil
Sabab teu ngartieun akal
5.
SIFAT QIYAMUHU
BINAFSIHI
Lima Qiyamuhu Binafsihi
Jumeneng Alloh kalawan Dzatna
Henteu butuh kana tempat
Jeung teu butuh kanu ngayakeun
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana Qiyamuhu binafsihi
Lamun Alloh butuh kana tempat
Tangtu Alloh ta’ala sifat
Sedeng eta teh mustahil
Jeung mun butuh kanu ngayakeun
Tangtu Alloh ta’ala anyar
Kapan eta teh mustahil
6.
SIFAT WAHDANIYAT
Genep sifat wahdaniyat
Sahiji alloh dina dzatna
Hiji sifatna hiji damelna
Ari harti wahdaniyat
Dina dzatna alloh ta’ala
Muhal alloh ta’ala ingbilangan
Atawa meunang ngarangkepkeun
Tina juz anu bingbilangan
Hiji alloh dina sifatna
Henteu aya lian alloh
Anu ngabogaan sifat
Saperti sifatna alloh
Jeung teu aya sifat alloh
Rangkep-rangkep tina hiji
warna
Atawana leuwih loba
Saperti kakawasaan dua
Hiji alloh dina damelna
Henteu aya anu boga tapak
Salianti alloh ta’ala
Anging tapak damel alloh
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana wahdaniyat Alloh
Lamun alloh bingbilangan
Timbul apes ka pangeran
Lamun alloh ta’ala apes
Moal bukti sakabeh alam
7.
SIFAT QUDROT
Tujuh Qudrot kawasa alloh
Kana ngadamel sadaya nu mumkin
Muhal alloh ta’ala apes
Kana ngadamel sadaya nu mumkin
Kana ayana atawa teu ayana
Waktu tempat sifat mumkin
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana Qudrot alloh ta’ala
Lamun alloh ta’ala apes
Kana ngadamel sadaya nu mumkin
Muhal aya ieu alam
8.
SIFAT IRODAT
Dalapan irodat kersa alloh
Kana nangtukeun sadaya alam
Kana ayana atawa teu ayana
Waktu tempat ngadamel mumkin
Muhal alloh teu ngersakeun
Ngadamel mumkin teu di
kersakeun
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana irodat alloh ta’ala
Lamun alloh henteu ngersakeun
Henteu ngadamel sadaya mumkin
Tangtu alloh ta’ala apes
Sabab keuna ku pamaksa
Lamun alloh ta’ala apes
Kapan eta teh mustahil
9.
SIFAT ILMU
Salapan ilmu uninga alloh
Kana nu wajib ayana
Kana nu wenang ayana
Sareng anu mustahil ayana
Kauninga ti qodim mula
Muhal alloh ta’ala teu uninga
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana ilmu alloh ta’ala
Lamun alloh ta’ala teu uninga
Tangtu moal boga karep
Lamun alloh teu boga karep
Moal aya sakabeh alam
10.
SIFAT HAYAT
Sapuluh hayat hirup alloh
Lain ku nyawa lain ku getih
Tapi hirup ku sifat hayat
Muhal alloh ta’ala maot
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana hayat alloh ta’ala
Lamun alloh ta’ala maot
Muhal kasifatan nana
Ku sifat qudrot jeung lianna
Sedeng eta teh mustahil
Sabab aya tapak qudrotna
Nyatana ieu sakabeh alam
11.
SIFAT SAMA’
Sabelas sama’ ngadangu alloh
Sanes ku kuping sanes ku
parabot
Tapi ku sifat sama’ na alloh
Henteu aya anu ngahalangan
Sareng henteu liren-liren
Sakur barang nu maojud
Sadayana kadangu ku alloh
Lain ukur sora wungkul
Mustahil alloh henteu ngadangu
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana sama’ alloh ta’ala
Dalil naqli dina Qur’an
وهوالسميع البصير
12.
SIFAT
BASHOR
Dua belas bashor ningali alloh
Sanes ku soca sanes ku parabot
Tapi ku sifat bashorna alloh
Ningali alloh kanu maojud
Sanes kana rupa wungkul
Henteu aya anu ngahalangan
Kana bashor alloh ta’ala
Teu aya poek teu aya nu
mindingan
Ari dalil anu nuduhkeun
Eta dawuhan Alloh ta’ala
وهوالسميع البصير
13.
SIFAT KALAM
Tilu belas kalam ngadawuh Alloh
Sanes ku sora sanes ku aksara
Tapi ngadawuh ku sifat kalamna
Muhal Alloh teu ngadawuh
Muhal Alloh ta’ala pireu
Ari dalil anu nuduhkeun
Kana kalam Alloh ta’ala
Dalil naqli dina Qur’an
Dawuhan Alloh ta’ala
وكلم الله موسى تكليما
![]() |

1.
BACAAN SYAHADATAIN
أشهد
أن لااله الاالله وأشهد أن محمدا رسول الله
أشهد = Nekadkeun abdi kalawan ma’rifat sareng tashdek
أن = Kana saestuna kalakuan sareng tingkah
لااله = Teu aya deui
pangeran anu maojud anu wajib diibadahan anu hak di ta’ati parentah sareng
larangan nana
الاالله = Anging
gusti Alloh
وأشهد = Sareng nekadkeun abdi kalawan ma’rifat sareng
tashdek
أن محمدا = Kana saestuna kanjeng nabi Muhammad
رسول الله = Eta utusan Alloh
2.
MA’RIFAT
Ari
patokan ma’rifat eta kieu :
ادراك
جازم بحيث لايقع معه تردد موافق للواقع ناشئ عن دليل
Pamanggih
anu jazim nu teu keuna owah gingsir anu akur jeung buktina nu timbul tina
alesan
3.
TASDEQ
Ari
patokan tasdeq eta kieu : مع الاذعان والقبول
“Di barengan pangakuan sarta panarimaan”
4.
SHEGAT TASDEQ
Ari
shegat tasdeq eta kieu :
رضيت بالله ربا وبالاسلام دينا وبمحمد نبيا ورسولا
وبالقران اماما وبالمؤمنين اخوانا
رضيت = rido abdi
بالله = ka gusti Alloh
ربا = abdi mangeran
وبالاسلام = sareng kana agama Islam
دينا = abdi beragama
وبمحمد = sareng ka kanjeng nabi Muhammad
نبيا = abdi nga nabi
ورسولا = sareng abdi ngarosul
وبالقران = sareng kana Al-Qur’an
اماما = di pake padoman
وبالمؤمنين= sareng
ka jalma mu’min kabeh
اخوانا = abdi duduluran
5.
RUKUN ISLAM
Rukun islam aya lima sadayana
Hiji syahadat anu kieu macana
اشهد ان لااله الا الله واشهد ان محمدارسول الله
Kadua kudu ngalakonan sholatna
Tilu miken zakat pikeun mustahiqna
Opat puasa dina bulan romadon
Lima munggah haji kanu
kadugaeun
6.
RUKUN IMAN
Rukun
iman aya genep kabehna
Hiji
iman ka alloh jeung ma’rifatna
Dua
ngimankeun ka malaikatna
Tilu
ngimankeun kana kabeh kitabna
Opat
ngimankeun kana kabeh rosulna
Lima
ngimankeun ka poe Qiyamahna
Genep
iman kana kabeh papastenna
Hade
goreng kabeh qudrot ti Alloh na
![]() |

![]() |
1.
SUSUCI WUDLU
Fardu
wudu aya genep kabehna
Hiji
niat nalika ngumbah beungeutna
Dua
ngumbah beungeut masing walatrana
Tilu
ngumbah leungeun dua jeung sikuna
Opat
ngusap saeutik tina sirahna
Lima
ngumbah suku mumuncangan nana
Genep
tartib hartina eta perele
Migawena
nurut nomor tong pahili
-
Niat Wudlu
نويت الوضوء لرفع الحدث
الاصغرفرضالله تعالى
“niat abdi wudu ngilangkeun hadas alit fardu karana Alloh
ta’ala”.
-
Tatacara ngumbah
raray
Kocorkeun
cai kana raray ti luhur samet mimiti jadi na buuk , ti gigir samet pepentil
cepil, ti handap semet handapeun gado, tilu kali kocoran bari maca do’a :
اللهم بيض وجهى يوم تبيض وجوه
وتسود وجوه
-
Tatacara ngumbah
panangan dua
Kocorkeun
cai kana panangan katuhu dugi kana luhureun siku tilu kali bari maca do’a :
اللهم اعطني كتابى بيمينى
وحاسبنى حسابا يسيرا
Teras
kocorkeun cai kana panangan kenca dugi kana luhureun siku tilu kali bari maca
do’a :
اللهم لاتعطنى كتابى بشمالى ولا
تحاسبنى حسابا عسيرا
-
Tatacara ngusap
sirah
Usapkeun
cai kana sabagian sirah tilu kali bari maca do’a:
اللهم حرم شعرى وبشرى على النار
-
Tatacara ngusap
sampean dua
kocorkeun
cai kana sampean katuhu jeung kenca tilu kali dugikana luhureun mumuncangan
bari maca do’a :
اللهم ثبت قدمى على الصراط يوم تزل فيه الاقدام
-
Ngaran tartib
ان يقدم عضوا على عضو
Ngaheulakeun
baris anu tiheula mandeurikeun baris anu pandeuri
-
Do’a saba’da wudlu
اشهد ان لااله الالله واشهد ان
محمدا عبده ورسوله
اللهم اجعلنى من التوابين
واجعلنى من المتطهرين واجعلنى من عبادك الصالحين
![]() |
2.
RUKUN SHOLAT
Rukun
solat tujuh belas kabehna
Hiji
neja niat solat ku hatena
Dua
takbirotul ihrom pang heulana
Tilu
nangtungnu kaduga na fardu na
Kaopatna
kudu maca fatihahna
Apal
di wuruk sah maca tulisna
Lima
ruku eta bari dongko na
Genep
tumaninah dina ruku’na
Tujuh
I’tidal ajeg entas ruku’na
Dalapan
tumaninah na I’tidalna
Kasalapan
sujud sarta dua kali
Sapuluh
nyalse na sujud dua kali
Sabelas
diuk antara sujud duana
Dua
belas nyalse dina diuk na
Tilu
belas tahiyat anu akhirna
Opat
belas diuk tahiyat akhirna
Lima
belas maca sholawat ka nabi
Na
diuk tahiyat akhir masing suci
Genep
belas assalamu’alaikum
Tujuh
belas kudu tartib masing faham
(
Guru harus mengajarkan materi-materi dibawah ini )
Ø Lapad
niat sholat
Ø Lapad
takbirotul ihrom
Ø Tatacara
membaca surah al-fatihah
Ø Tatacara
ruku
Ø Tatacara
I’tidal
Ø Tatacara
sujud
Ø Pengertian
tumaninah :
Ari
ngaran tumaninah teh cicingna
Ba’da
usik anggota na tempatna
Ukuran
lilana tumaninah na
Ukuran
lila maca subhanalloh na
Ø Tatacara
diuk antara dua sujud
Ø Tatacara
diuk tasyahud awal
Ø Tatacara
diuk tasyahud akhir
Ø Tata
cara salam
Ø Pengertian
tartib
![]() |
3.
RARAKATAN SHOLAT
Ø Lapad
niat sholat 5 waktu
اصلى فرض الظهر اربع ركعات
مستقبل الكعبة أداء لله تعالى
اصلى فرض العصر اربع ركعات
مستقبل الكعبة أداء لله تعالى
اصلى فرض المغرب ثلاث ركعات
مستقبل الكعبة أداء لله تعالى
اصلى فرض العشاء اربع ركعات
مستقبل الكعبة أداء لله تعالى
اصلى فرض الصبح ركعتين مستقبل الكعبة أداء لله تعالى
Ø Lapad
do’a iftitah
ألله أكبركبيراوالحمدلله كثيرا
وسبحان الله بكرة وأصيلا انى وجهت وجهي للذي فطرالسموات والارض حنيفامسلما وما انا
من المشركين ان صلاتى ونسكى ومحياي ومماتى لله رب العالمين لاشريك له وبذالك أمرت
وأنا من المسلمين
Ø Lapad
suroh al-fatihah
بسم لله الرحمن الرحيم
الحمد لله رب العالمين. الرحمن الرحيم. مالك يوم
الدين. اياك نعبد واياك نستعين. اهدناالصراط المستقيم. صراط الذين أنعمت عليهم
غيرالمغضوب عليهم ولاالضالين.
Ø Lapad
suroh pendek
Ø Lapad
do’a ketika ruku’
سبحان ربي العظيم وبحمده
Ø Lapad
do’a ketika I’tidal :
ربنالك الحمد ملء السموات وملء
الارض وملء ماشئت من شيئ بعد
Ø Lapad
do’a ketika sujud
سبحان ربي الاعلى وبحمده
Ø Lapad
do’a ketika duduk antara dua sujud
رب اغفرلى وارحمنى واجبرنى
وارفعنى وارزقنى واهدنى وعافنى واعف عنى
Ø Lapad
do’a ketika tasyahud awal
التحيات المباركات الصلوات الطيبات
لله السلام عليك أيهاالنبي ورحمة الله وبركاته. السلام علينا وعلى عباد الله
الصالحين اشهد ان لااله الاالله واشهد ان محمدا رسول الله اللهم صل على سيدنا محمد
Ø Lapad
do’a ketika tasyahud akhir
التحيات المباركات الصلوات
الطيبات لله. السلام عليك أيهاالنبي ورحمة الله وبركاته. السلام علينا وعلى عباد
الله الصالحين. اشهد ان لااله الاالله. واشهد ان محمدا رسول الله. اللهم صل على
سيدنا محمد. وعلى ال سيدنا محمد. كما صليت على سيدنا ابراهيم. وعلى ال سيدنا
ابراهيم. وبارك على سيدنا محمد. وعلى ال سيدنا محمد. كما باركت على سيدنا ابراهيم.
وعلى ال سيدنا ابراهيم. فى العالمين انك حميد مجيد. اللهم انى أعوذبك من عذاب
القبر ومن عذاب النار ومن فتنة المحياي والممات ومن فتنة المسيح الدجال. ربنااتنا
فى الدنيا حسنة وفى الاخرة حسنة وقنا عذاب النار
Ø Lapad
do’a qunut
اللهم اهدنى فيمن هديت وعافنى
فيمن عافيت وتولنى فيمن توليت وبارك لى فيما اعطيت وقنى برحمتك شرما قضيت فانك تقضى ولايقضى عليك فانه لايضل
من واليت ولايعزمن عاديت تباركت ربنا وتعاليت فلك الحمد على ما قضيت استغفرك واتوب
اليك اللهم سلمنا والمسلمين وعافنا والمسلمين واكفنا واياهم من جميع شرمصائب
الدنيا والدين وصلى الله على سيدنا محمد وعلى اله وصحبه وبارك وسلم.
Ø Lapad
salam
السلام عليكم ورحمة الله
![]() |
4.
PRAKTEK WUDLU DAN
SHOLAT
(guru harus bisa mempraktekkan
tatacara berwudlu dan sholat yang baik dan benar dan diterapkan kepada si muridnya)
![]() |

1.
MEMBACA DAN MENULIS
Ø (Guru
harus melatih bacaan murid dan melatih tulisan murid dengan baik dan benar, dan
untuk kurikulumnya ada pada IQRO jilid 1 & 2)
Ø Untuk
metode membaca dianjurkan menggunakan metode baghdady (ejah)
2.
HAFALAN
Guru
juga harus melatih hafalan murid dengan cara menalar surat-surat pendek, untuk
materi kelas 1 surat-surat pendek nya yaitu dari surat An-Nas sampai
Al-Quraisy.
![]() |

1.
SEJARAH ROSUL
|
1.
Gusti urang
sarerea
Kanjeng nabi anu
mulya
Muhammad jenengan
nana
Arab Quraisy nya
bangsana
|
2.
Ramana gusti
Abdulloh
Ibuna Siti Aminah
Di babarkeunna di
Mekah
Wengi Senen Tahun
Gajah
|
|
|
|
|
3.
Robi’ul Awwal
bulanna
Tanggal ka dua belasna
April bulan masehina
Tanggal ka dua puluhna
|
4.
Ari bilangan
tahunna
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna
Sareng sahiji punjulna
|
|
|
|
|
5.
Siti Aminah
misaur
Waktos babarna
kacatur
Ningal cahya meni
ngempur
Di bumina hurung mancur
|
6.
Babar taya
kokotoran
Orok lir kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan
|
|
|
|
|
7.
Medal nabi akhir
zaman
Pirang-pirang kaanehan
Sesembahan bangsa syetan
Kabeh pada karuksakan
|
8.
Nabi yuswa lima
bulan
Geus tiasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan
Geus capetang sasauran
|
|
|
|
|
9.
Yuswana sapuluh bulan
Tiasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian
Tapi tara kumagungan
|
10.
Parangina kanjeng
nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede ka wani
Sobar nyaah ka sasami
|
|
|
|
|
11.
Keur opat tahun
yuswana
Diberesihan manahna
Nabi di beulah dadana
Malaikat nu meulahna
|
12.
Jibril kadua
rencangna
Mikail jenengan nana
Ngeusikeun kana manahna
Ilmu hikmah sapinuhna
|
|
|
|
|
13.
Tuluy dada
kanjeng nabi
Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri
Di cap ku khotamin nabi
|
14.
Harita nabi ayana
Di lembur ibu inangna
Halimah jenengan nana
Sa’diyah ngaran lemburna
|
|
|
|
|
15.
Rama nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa nabi di bobotkeun
Dua sasih kaunggelkeun
|
16. Keur lima tahun yuswana
Ditinggal pupus ibuna
Tuluy di rawat eyangna
Abdul Mutolib
asmana
|
|
|
|
|
17.
Kersana robbul ‘alamin
Kanjeng nabi nu prihatin
Yuswa dalapan
tahun yakin
Eyang na mulih ka
batin
|
18.
Saba’da wafat eyangna
Nabi di rawat uwa na
Abi Tholib kakasihna
Saderek teges ramana
|
|
|
|
|
19.
Kanjeng nabi
sering pisan
Di candak ka nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan
Didinya teh pajeng pisan
|
20. Kacatur, di eta Nagri
Loba Pandeta Yahudi
Sareng Pandeta Nasroni
Nu tepang jeung Kangjeng Nabi
|
|
|
|
|
21. Sadayana, sasauran
Ieu jalmi, moal nyalahan
Pi-Nabi-eun akhir zaman
Toret injil geus ngiberan
|
22. Sifat Nabi, panganggeusan
Aya, di-anjeun-Na pisan
Harita, se'eur nu
Iman
Ka Nabi, ngangkat panutan
|
|
23. Lami-lami, Kangjeng Nabi
Disambat, ku hiji istri
Dagangna, ka unggal Nagri
Kauntunganna, di bagi
|
24. Istri jenengan Khodijah
Putera Khuwaelid katelah
Nu pangbengharna di Makkah
Ka Nabi, kalangkung nyaah
|
|
25. Siti Hodijah, masrahan
Ka Nabi, barang dagangan
Maesaroh, nu ngarencangan
Ka Nabi, purah nyarengan
|
26. Kacarios, Maesaroh teh
Seueur pamendak, nu aneh
Ciciren, Nabi nu sholeh
Matak ngaherankeun kabeh
|
|
27. Tatangkalan uluk salam
Mega bodas sok mayungan
Jeung aya, cap Ka-Nabian
Dina Salira-Na pisan
|
28. Pamendak Siti Khodijah
Cocok pisan jeung Maesaroh
Akhirna, Siti Khodijah
Ka Nabi, mundut ditikah
|
|
29. Harita, yuswana Nabi
Salawe tahun, kawarti
Ngadak-ngadak sugih-mukti
Tapi, tambah sae ati
|
30. Karesepna, Kangjeng Nabi
Ka Gusti Alloh, ngabakti
Di Gua Hiro, maranti
Ibadahna, saban wengi
|
![]() |
1.
AKHLAK KA IBU RAMA
a. Akhlak Kanu Janten
Ibu
Ibu
teh jalmi anu pangcapena ngurus anjeun, sabab anu :
Ø Ngandung
anjeun salami salapan sasih lamina
Ø Nyusuan
sareng ngurus anjeun
Ø Anu
ngibakkan sareng nyeuseuhan anggoan anjeun
Ø Anu
nyiapkeun tempat bobo sareng tuangeun anjeun
Ø Ngajaga
anjeun tina panca bahaya
Ibu
teh pangnyaahna sareng pang mikaasihna ka anjeun. Ibu anu sok sanaos cape tapi
tetep sabar ngurus anjeun, ibu anu sok ngadu’a sangkan anjeun janten budak anu
soleh, anu bageur, anu pinter tur sehat wal ‘afiat salamina, anjeunna bingah
lamun anjeun bungah, anjeunna sedih lamun anjeun teu damang atanapi cilaka,
anjeunna tara reureuh merhatoskeun anjeun dugika anjeun dewasa.
Upami
anjeun terang kana kacapean sareng kanyaah nu janten ibu dina ngurus anjeun,
bade ku naon anjeun ngabalesna? Malihan anjeun moal tiasa ngabales jasa-jasana
nepika iraha bae oge, kumargi kitu anjeun kedah gaduh tatkarama anu sae sareng
kasopanan ka anjeunna, diantawisna :
1.
Kedah nurut kana
piwarangannana
2.
Kedah ngahormat
sareng mika nyaah anjeunna
3.
Midamel padamelan
anu matak ngabingahkeun manahna
4.
Ningalikeun budi
anu marahmay
5.
Unggal dinten
sasalaman bari nyuhunkeun hapunten
6.
Ngadu’akeun supados
panjang yuswana bari sehat wal’afiat
7.
Ulah merenggut
upami dipiwarang atanapi diseuseulan
8.
Ulah ngabohong,
nyeuseulan atanapi nyarios ku bahasa anu awon/kasar
9.
Ulah molototan
10.
Upami nyuhunkeun
naon bae ulah dipayuneun tamu
11.
Upami dicegah kedah
cicing ulah kalah ngambek atanapi nangis.
b. Akhlak Kanu Janten
Bapa
Ari
kanyaah bapa sami sareng kanyaah nu janten ibu, anjeunna unggal dinten angkat
ka padamelan bari nandangan kacape sareng panas supados tiasa masihan nafakah /
biaya pikeun anjeun sareng kulawargi anu sanesna, bapa anu ngajaga kasehatan
sareng ngajaga anjeun tina panca bahaya, bapa anu unggal waktos ngemutan kumaha
carana ngurus jeung ngadidik anjeun sangkan janten jalmi anu sholeh sareng
berguna pikeun balarea, anjeunna ngalebetkeun anjeun ka sakola, ka madrosah,
pangmeserkeun buku jeung alat-alat tulisna supaya anjeun janten jalmi anu
sampurna dina elmu sareng akhlak anu manfa’atna kanggo anjeun nyalira sareng
kanggo balarea.
Kumargi
kitu anjeun kedah tiasa ngabales kasaean nu janten bapa ku midamel ieu
tatakrama :
Ø Nurut
kana piwarangan nana
Ø Ngupingkeun
nasehatna, margi anjeunna moal miwarang kanu henteu aya manfa’atna sareng moal
nyegah kajabi kanu matak madarat ka anjeun
Ø Kedah
milari ridho na
Ø Leres-leres
diajar sareng ngapalkeun pelajaran
Ø Midamel
padamelan anu matak ngabingahkeun manahna, boh di bumi atanapi dimana bae
Ø Ulah
nyuhunkeun sagala di pangmeserkeun
Ø Ulah
milaraan sareng ngaheureuyan wargi / raka sareng rai
Upami
anjeun diridhoan ku sepuh / Ibu Rama pasti anjeun bakal dipika ridho ku Alloh
sarta hirup pinuh ku barokah tur aya dina kabagjaan di dunia sareng di akherat.
2.
AKHLAK
KA GURU
Guru teh cape pisan dina ngurus
sareng ngadidik anjeun, unggal dinten ngajarkeun elmu anu manfa’at pikeun anjeun,
masihan nasehat anu berfaedah, eta sadayana kusabab nyaah pisan ka anjeun
sapertos nyaahna ibu rama ka anjeun sareng hoyong supados anjeun janten jalmi
anu seueur elmu tur kagungan akhlak anu sae, kumargi kitu kedah nganggo
tatakarama anu sae ka guru, diantawisna :
Ø Kedah
hormat ka guru sapertos ngahormat ka sepuh nyalira
Ø Upami
calik atanapi nyarios payuneunnana kedah sopan
Ø Ulah
megat / motong cariosannana
Ø Upami
aya anu teu ngartos kedah ngacungkeun panangan, upami tos dipiwarang nyarios
nembe naroskeun
Ø Upami
ditaros kedah ngawaler kunu leres tur sae
Ø Upami
guru naros batur, anjeun ulah ngiring ngawaler
Upami
anjeun hoyong dipikaresep ku guru kedah :
Ø Ngalaksanakeun
kawajiban anjeun
Ø Unggal
dinten tara absen atanapi kasiangan ka kelas kajabi upami aya udzur
Ø Enggal
lebet ka kelas sab’ada istirahat
Ø Upami
diseuseulan ku guru kedah enggal sasadu nyuhunkeun hapunten tina kalepatan
Ø Leres-leres
dina ngariksa buku sareng alat-alat sakola
Ø Kedah
leres-leres midamel piwarangan guru disarengan ku manah anu ikhlas ulah ku
pedah sieun diseuseulan
Ø Ulah
keuheul upami nuju dipapatahan, margi moal samata-mata guru mapatahan kajabi
supados anjeun biasa ngalaksanakeun kawajiban.
3.
DU’A-DU’A PONDOK
a.
Du’a
nalika bade bobo
بسمك اللهم احيا وبسمك اموت
بسمك = Kalawan nyebat jenengan gusti
اللهم
= Ya
Alloh
احيا
= Hirup
abdi
وبسمك = Sareng kalawan nyebat jenengan gusti
اموت
= Maot
abdi
b. Du’a nalika gugah
bobo
|
الحمد = Ari sadaya puji
لله = Eta kagungan
Alloh
الذي احيانا = Anu parantos ngahirupkeun ka abdi sadaya
بعدما اماتنا = Sapertoskeun yeun parantos ngamaotan ka abdi sadaya
واليه = Sareng ka
Anjeunna wungkul
النشور = Ari tempat
pangwangsulan
c. Du’a nalika bade
tuang
اللهم بارك لنا فيما رزقتنا وقنا عذاب النار
|
بارك لنا = Muga
ngaberkahan gusti kangge abdi sadaya
فيما = Dina perkara
رزقتنا = Anu parantos ngarizkian gusti ka abdi
وقنا =
Sareng mugi ngariksa gusti ka abdi
عذاب النار = Tina
siksa seuneu naraka
d. Du’a saba’da tuang
|
الحمد = Ari sadaya puji
لله = Eta kagungan
Alloh
الذي اطعمنا = Anu
parantos masihan tuangeun ka abdi sadaya
وسقانا = Sareng parantos
masihan leueuteun ka abdi sadaya
وجعلنا = Sareng mugi
ngajadikeun Alloh ka urang sadaya
من المسلمين = Jadi
jalma-jalma anu islam
e. Du’a nalika bade
lebet ka Masjid
|
اللهم = Ya Alloh
اغفرلى = Muga kersa ngahapunten gusti ka abdi
ذنوبى = Kana
pirang-pirang dosa abdi
وافتح لى = Sareng
mugi gusti ngabukakeun ka abdi
ابواب رحمتك = Kana
pirang-pirang pintu rohmat gusti
f. Du’a nalika bade
kaluar ti Masjid
اللهم إنى أسئلك من فضلك
|
إنى = Saestuna
abdi
أسئلك = Nyuhunkeun
abdi ka gusti
من فضلك = Kana
kurnia ti gusti
g. Du’a nalika lebet
WC
|
اللهم = Ya Alloh
انى = Saestuni abdi
اعوذ بك = Nyuhunkeun pangriksa
abdi ka gusti
من الخبث = Tina
pirang-pirang setan lalakina
والخبائث = Sareng
pirang-pirang setan awewena
h. Du’a nalika kaluar
WC
|
الحمد = Ari sadaya puji
لله = Eta kagungan
Alloh
الذي اذهب = Anu parantos ngaleungitkeun
ما يؤذن = Kana perkara anu
milaraan ka abdi
وابقى = Sareng parantos nyesakeun
ما ينفعنى = Kana
perkara nu manfaat kangge abdi
…………………..oo0oo…………………
enjangjamahsari.com









Tidak ada komentar:
Posting Komentar