Sadaya sipat anu wajib di Alloh anu 20 eta kabagi kana 4, nyaeta:
Ø Sipat Nafsiyah (hartina sipat bangsa dzat) anu eusina hiji, nyaeta:
sipat wujud
Ø Sipat Salabiyah (hartina sipat bangsa nyabut) anu eusina aya lima,
nyaeta: Kidam, Baqo, Mukholafatun lilhawaditsi, Qiyamuhu binnafsihi,
Wahdaniyat
Ø Sipat Ma’ani (sipat bangsa aya) anu eusina aya tujuh, nyaeta: Qudrot,
Irodat , Ilmu, Hayat, Sama’, Bashor, Kalam
Ø Sipat Ma’nawiyah (sipat bangsa rekeunan) eusina aya tujuh, nyaeta:
Kaunuhu Qodiron, Kaunuhu Muridan, Kaunuhu A’liman, Kaunuhu Hayyan, Kaunuhu Sami’an,
Kaunuhu Bashiron, Kaunuhu Mutakaliman
Ø Sadaya aqidah Uluhiyah (sipat Pangeran boh sipat nu wajib,
mustahil, jeung anu wenang di Alloh) eta sakabehna dikumpulkeun dina lapad لاإله إلاالله
Ø Garansi piken jalma anu nekadkeun kana aqidah Uluhiyah, sah Iman-na tur di ganjar ku nekadkeunnana, tapi
lamun teu nekadkeun sakabehna atawa sawarehna maka teu sah Iman na jeung
disiksa
SIFAT ANU WAJIB DI ALLOH
SARENG DALIL-DALILNA
1.
Sifat Wujud
Hartosna : Aya
Lalawanan : Adam
Hartosna : Teu Aya
Dalil Aqli : وجود هذه المخلوقات
Hartosna : Ayana ieu pirang-pirang makhluk
Dalil Naqli : قل من رب السموات والارض قل الله
Hartosna : Bejakeun
ku anjeun Muhammad, saha anu ngurus pirang-pirang langit sareng bumi, jawab ku
anjeun : eta Alloh
2.
Sifat Qidam
Hartosna : Heubeul, teu aya mimitina
Lalawanan : Huduts
Hartosna : Anyar, aya mimitina
Dalil Aqli : أنه لوكان حادثا لاحتاج الى محدث وهومحال
Hartosna : Lamun Alloh
anyar tangtu butuh kanu nganyarkeun, sedengkeun eta teh mustahil
Dalil Naqli : هوالاول والاخر والظاهر والباطن
Hartosna : Ari Alloh eta anu awwal teu aya kawitna,
anu akhir teu aya tungtungna
3.
Sifat Baqo
Hartosna : Langgeng, teu aya tungtungna
Lalawanan : Fana
Hartosna : Ruksak, aya tungtungna
Dalil Aqli : أنه لوكان فانيا لكان حادثا وهو محال
Hartosna : Lamun Alloh ruksak tangtu Alloh anyar,
sedengkeun eta teh mustahil
Dalil Naqli : ويبقى وجه ربك ذواالجلال والاكرام
Hartosna : Sareng
tetep teu aya tungtungna dzat pangeran anjeun anu kagungan kaagungan sareng
kagungan kamulyaan
4.
Sifat Mukholafatullil Hawaditsi
Hartosna : Beda Alloh jeung sakabeh anu anyar
Lalawanan : Mumatsalah lil
hawaditsi
Hartosna : Sarupa Alloh jeung anu anyar
Dalil Aqli : أنه لوكان مماثلا للحوادث لكان حادثا وهو محال
Hartosna : Lamun Alloh
sarupa jeung nu anyar tangtu Alloh anyar, sedengkeun eta teh mustahil
Dalil Naqli : ليس كمثله شيء
Hartosna : henteu aya hiji perkara oge anu sami
sareng Alloh
5.
Sifat Qiyamuhu Binafsihi
Hartosna : Jumeneng Alloh
kalawan dzatna, teu butuh kana tempat jeung teu butuh kanu ngayakeun.
Lalawanan : Ihtiyaj
Hartosna : Butuh
kana tempat jeung kanu ngayakeun
Dalil Aqli :
أنه لواحتاج الى محل لكان صفة وكونه صفة وهو محال,
ولواحتاج الى مخصص لكان حادثا وكونه حادثا وهو محال
Hartosna : lamun Alloh butuh kana tempat pasti bukti
Alloh teh sifat, sedengkeun lamun Alloh sifat eta mustahil, lamun Alloh butuh
kanu nangtukeun pasti Alloh teh eta anyar, sedengkeun eta hukumna mustahil
Dalil Naqli : الله لااله الا هوالحي القيوم
Hartosna : Teu aya deui pangeran anu maojud, anu
wajib diibadahan kajaba Alloh anu hirup tur jumeneng kalawan dzatna
6.
Sifat Wahdaniyat
Hartosna : Sahiji Alloh dina
dzatna, sifatna sareng padamelannana
Lalawanan : Ta’addud
Hartosna : Bingbilangan
Dalil Aqli : انه لوكان متعددا لم يوجدشيئ
Hartosna : Lamun Alloh bingbilangan moal aya ieu
pirang-pirang makhluk
Dalil Naqli : قل هوالله احد
Hartosna : Bejakeun
ku anjeun Muhammad, Alloh eta anu sahiji
7.
Sifat Qudrot
Hartosna : Kawasa Alloh
Lalawanan : ‘Ajzu
Hartosna : Apes Alloh
Dalil Aqli : أنه لوكان عاجزا لم يوجد شيء من هذه المخلوقات
Hartosna : Lamun Alloh apes tangtu moal aya ieu
sakabeh makhluk
Dalil Naqli : وهو على كل شيئ قدير
Hartosna : Sayaktosna Alloh kana sadaya perkara, eta
anu kawasa
8.
Sifat Irodat
Hartosna : Ngersakeun Alloh
Lalawanan : Karohah
Hartosna : Kapaksa Alloh
Dalil Aqli : أنه لوكان كارها لكان عاجزا وهو محال
Hartosna : Lamun Alloh
kapaksa tangtu Alloh apes, sedengkeun lamun Alloh apes eta teh mustahil
Dalil Naqli : فعال لما يريد
Hartosna : Ari Alloh kana sakabeh pagawean eta anu
ngersakeun
9.
Sifat Ilmu
Hartosna : Uninga Alloh
Lalawanan : Jahal
Hartosna : Bodo Alloh
Dalil Aqli : أنه لوكان جاهلا لم يكن مريدا وهو محال
Hartosna : Lamun Alloh
bodo tangtu Alloh henteu kersa, sedengkeun eta mustahil
Dalil Naqli : وهو بكل شيئ عليم
Hartosna : Sareng ari Alloh kana sadaya perkara eta
anu uninga
10.
Sifat Hayat
Hartosna : Hirup Alloh
Lalawanan : Maot
Hartosna : Maot Alloh
Dalil Aqli :
أنه
لوكان ميتا لم يكن قادرا ولامريدا ولا عالما وهو محال
Hartosna : Lamun Alloh maot tangtu Alloh henteu
kawasa, henteu kersa, henteu uninga, sedengkeun eta mustahil
Dalil Naqli : الله لااله الاهوالحي القيوم
Hartosna : teu aya deui pangeran anu maojud anu wajib
diibadahan kajaba Alloh anu hirup tur jumeneng kalawan dzatna
11.
Sifat Sama’
Hartosna : Ngadangu Alloh
Lalawanan : Shomam
Hartosna : Torek Alloh
Dalil Naqli : وهو السميع البصير
Hartosna : Ari
Alloh eta anu ngadangu tur anu ningali
12.
Sifat Bashor
Hartosna : Ningali Alloh
Lalawanan : A’ma
Hartosna : Lolong Alloh
Dalil Naqli : وهو السميع البصير
Hartosna : Ari
Alloh eta anu ngadangu tur anu ningali
13.
Sifat Kalam
Hartosna : Ngadawuh Alloh
Lalawanan : bukmum
Hartosna : Pireu Alloh
Dalil Naqli : وكلم الله موسى تكليما
Hartosna : Sareng parantos ngadawuh Alloh ka nabi Musa
kalawan ngadawuh anu saestuna
14.
Sifat Kaonuhu Qodiron
Hartosna : Bukti Alloh eta anu kawasa
Lalawanan : Kaonuhu A’jizan
Hartosna : Bukti Alloh eta anu apes
Dalil Aqli : أنه لوكان عاجزا لم يوجد شيء من هذه المخلوقات
Hartosna : Lamun Alloh
apes tangtu moal aya ieu sakabeh makhluk.
Dalil Naqli : وهو على كل شيئ قدير
Hartosna : Sayaktosna Alloh kana sadaya perkara, eta
anu kawasa
15.
Sifat Kaonuhu Muridan
Hartosna : Bukti Alloh eta anu ngersakeun
Lalawanan : Kaonuhu Karihan
Hartosna : Bukti Alloh eta anu kapaksa
Dalil Aqli : أنه لوكان كارها لكان عاجزا وهو محال
Hartosna : Lamun Alloh
kapaksa tangtu Alloh apes, sedengkeun lamun Alloh apes eta teh mustahil
Dalil Naqli : فعال لما يريد
Hartosna : Ari Alloh kana sakabeh pagawean eta anu
ngersakeun
16.
Sifat Kaonuhu ‘Aliman
Hartosna : Bukti Alloh eta anu uninga
Lalawanan : Kaonuhu Jahilan
Hartosna : Bukti Alloh eta anu bodo
Dalil Aqli : أنه لوكان جاهلا لم يكن مريدا
وهو محال
Hartosna : Lamun Alloh
bodo tangtu Alloh henteu kersa, sedengkeun eta mustahil
Dalil Naqli : وهو بكل شيئ عليم
Hartosna : sareng ari Alloh kana sadaya perkara eta
anu uninga
17.
Sifat Kaonuhu ‘Hayyan
Hartosna : Bukti Alloh eta anu hirup
Lalawanan : Kaonuhu Mayyitan
Hartosna : Bukti Alloh eta anu maot
Dalil Aqli :
أنه
لوكان ميتا لم يكن قادرا ولامريدا ولا عالما وهو محال
Hartosna : Lamun Alloh
maot tangtu Alloh henteu kawasa, henteu kersa, henteu uninga, sedengkeun eta
mustahil
Dalil Naqli : الله لااله الاهوالحي القيوم
Hartosna : Teu aya deui pangeran anu maojud anu
wajib diibadahan kajaba Alloh anu hirup tur jumeneng kalawan dzatna
18.
Sifat Kaonuhu Sami’an
Hartosna : Bukti Alloh eta anu Ngadangu
Lalawanan : Kaonuhu ashomma
Hartosna : Bukti Alloh eta anu torek
Dalil Naqli : وهو السميع البصير
Hartosna : Ari
Alloh eta anu ngadangu tur anu ningali
19.
Sifat Kaonuhu Bashiron
Hartosna : Bukti Alloh eta anu Ningali
Lalawanan : Kaonuhu A’ma
Hartosna : Bukti Alloh eta anu Lolong
Dalil Naqli : وهو السميع البصير
Hartosna : Ari
Alloh eta anu ngadangu tur anu ningali
20.
Sifat Kaonuhu Mutakalliman
Hartosna : Bukti Alloh eta anu Ngadawuh
Lalawanan : Kaonuhu Abkama
Hartosna : Bukti Alloh eta anu Pireu
Dalil Naqli : وكلم الله موسى تكليما
Hartosna : Sareng parantos ngadawuh Alloh ka Nabi Musa
kalawan ngadawuh anu saestuna
BIDANG SYAHADATAEN
Iman ka Alloh kudu di ucapkeun ku
jalan ngikrarkeun dina kalimah syahadat, nyaeta :
اشهد ان لااله الله واشهد ان محمدارسول الله
Para ‘Ulama geus rempug yen ngucapkeun dua kalimah
syahadat eta rukun Islam, maka mun teu ngucapkeun syahadat eta lain kaasup
jalma Islam sanajan dina hatena iman ka Alloh sakumaha Nabi nyaurkeun:
عن عبد الله بن عمر قال قال رسول الله صلى الله عليه
و سلم أمرت أن أقاتل الناس حتى يشهدوا أن لا إله إلا الله وأن محمدا رسول الله
ويقيموا الصلاة ويؤتوا الزكاة فإذا فعلوه عصموا مني دماءهم وأموالهم إلا بحقها
وحسابهم على الله
Hartosana: katampi Ti Abdillah Bin Umar RA. Anjeuna ngadawuh, “ngadawuh Rosululloh SAW: “Kami diparentahkeun pikeun merangan
jalma-jalma, sahingga maranehana ngama’rifatkeun yen teu aya
deui pangeran kajaba Alloh, jeung Muhammad eta Utusan Alloh, jeung maranehna
ngalakukeun Sholat, jeung mikeun Zakat. Tuluy lamun maranehan nana geus
ngalakukeun eta perkara, maka maranehna kudu dijaga kalawan Asma kami, geutihna
jeung hartana (ulah dikocorkeun geutihna jeung ulah di cokot hartana) kajaba aya hak
Islam. Jeung ari perhitungan nana aya di payuneun Alloh.”
Hubungan ngucapkeun kalimah syahadat
jeung kaimanan:
1. Imam Al-Asy’ari jeung Ma’turidi
nyaurkeun yen syahadat teh mangrupakeun syarat sahna iman, tapi anu di maksud
syarat sahna iman di dieu nyaeta bisa di hukuman ku Muslim jeung menangkeun
fasilitas salaku Muslim di dunia, sedengkeun mungguh Allohmah anu di tilik teh nyaeta
hatena, lamun dina nalika ngucapkeun
syahadatna dibarengan ku hate
(I’tiqad) maka manehna bakal salamet di akherat, tapi lamun mah henteu jeung I’tiqad, maka manehna bakal asup ka
naraka sok sanajan maca syahadat.
2. Imam Abu Hanifah nyaurkeun
yen kalimah syahadat teh nyaeta satengah tina iman, sabab syahadat jeung iman
mangrupakeun rangkaian dzohir jeung bathin.
BIDANG ASMAUL
HUSNA
|
Ya Alloh
|
=
|
يا الله
|
|
Anu Maha Asih
|
=
|
يا رحمن
|
|
Anu Maha Heman
|
=
|
يا رحيم
|
|
Anu Ngarajaan
|
=
|
يا مالك
|
|
Anu Maha Suci
|
=
|
يا قدوس
|
|
Anu Masihan Kasalametan
|
=
|
ياسلا م
|
|
Anu Masihan Kaamanan
|
=
|
يا مؤمن
|
|
Anu Ngurus Mahluk
|
=
|
يا مهيمن
|
|
Anu Maha Gagah
|
=
|
ياعزيز
|
|
Anu Maha Perkasa
|
=
|
يا جبّار
|
|
Anu Maha Agung
|
=
|
يا متكبّر
|
|
Anu Ngiptakeun
|
=
|
يا خالق
|
|
Anu Ngadamel
|
=
|
يا بارئ
|
|
Anu Ngabentuk rupa
|
=
|
يامصوّر
|
|
Anu
Ngahampura
|
=
|
ياغفار
|
|
Anu Seueur Maksa
|
=
|
يا قهّار
|
|
Anu Masihan Kurnia
|
=
|
يا وهّاب
|
|
Anu Ngarizkian
|
=
|
يا رزّاق
|
|
Anu Tukang mukakeun
|
=
|
يا فتّاح
|
|
Anu Maha Uninga
|
=
|
ياعليم
|
|
Anu Nyempitkeun
|
=
|
يا قابض
|
|
Anu Ngajembarkeun
|
=
|
يا باسط
|
|
Anu Ngahandapken
|
=
|
يا خافض
|
|
Anu Ngaluhurkeun
|
=
|
يا رافع
|
|
Anu Ngamulyakeun
|
=
|
يا معزّ
|
|
Anu Ngahinakeun
|
=
|
يا مذلّ
|
|
Anu Ngadangu
|
=
|
يا سميع
|
|
Anu Ningali
|
=
|
يا بصير
|
|
Anu Ngahukuman
|
=
|
يا حكم
|
|
Anu Adil
|
=
|
يا عدل
|
BIDANG FIQIH
Ø
SUSUCI KU BATU
|
Syarat nyukupkeun susuci ku batuna
Eta aya dalapan kade pohona
Hiji batuna kudu tilu kabehna
Tawa hiji batu tilu juruna
Ngitung tilu saba’da dibersihkeun
Ngabersihkeun di itung sabalikan
Kaduana najis entong waka pindah
Tina tempat pangbijilan nu geus mernah
Katiluna ulah garing najisna
Kaopatna hingga bersih tempatna
Nu disebut bersih leungit jentulna
Sesa batu tapakna di hampurana
Ka limana ulah aya najis sejena
Ka genepna tong liwat kana gigirna
Ka Tujuhna najis ulah kacaian
Ka dalapan batuna teh suci pisan
|
Ø
PARDUNA WUDLU
|
Pardu wudu aya genep
kabehna
Hiji niat nalika ngumbah beungeutna
Dua ngumbah beungeut
masing walatrana
Tilu ngumbah leungeun dua
jeung sikuna
Opat ngusap saeutik tina
sirahna
Lima ngumbah suku mumuncangana
Genep tartib hartina eta
perele
Migawena nurut nomor Tong pahili
|
Ø
ANU NGABATALKEUN KANA WUDLU
|
Batalna wudu ku
salah sahijina
Tina anu opat
perkara kabehna
Hiji pedah aya anu
kaluarna
Tina palawangan
hareup boh tukangna
Mangrupakeun angin
atawa liana
Anging nu kaluar
mani teu batalna
Kaduana eta ku
hilang akalna
Ku sasab sare atawa
liana
Anging nu sarena nu
bari diukna
Nu netepkeun dina
pangdiukanana
Katiluna paantel dua kulitna
Awewe lalaki kade
duanana
Tur paantel pada
deungeun duanana
Sarta antel teu aya
hahalangna
Ka opatna ngarampa
lawang hareupna
Atawa bubuleud
lawang nu tukangna
Ti manusa ku dampal
tampah leungena
Atawa dampal -
dampal tina ramona
|
Ø
PAHARAMAN KA JALMA NU TEU BOGA WUDLU
|
Nu teu boga wudu
haram migawena
Sala sahiji nu opat perkarana
Hiji haram sholat
dua haram towap
Tilu nyabak ka
opatna mawa mashaf
|
Ø
NU NGAWAJIBKEUN KANA ADUS
|
Nu ngawajibkeun
Adus genep kabehna
Hiji ngasupkeun
hasapah ka parjina
Dua bijil mani
najan teu jima’na
Tilu haid netepan
kana patokna
Opat nipas geutih
ba’da ngalahirkeun
Lima ngalahirkeun
najan teu getihan
Genep maot wajib di
adusannana
Nu lain syahid
sarta jalma muslimna
|
Ø
PARDUNA ADUS
|
Pardu adus aya dua kabehna
Hiji niat ngawitan ngumbah badana
Dua ngawalatraan kabeh
badana
Ku caina
kana sakabeh badana
|
Ø
PAHARAMAN KA JALMA ANU JUNUB
|
Haram ka nu junub
sala sahjina
Tina sakabeh perkara nu genepna
Hiji sholat dua
towap ka tiluna
Nyabak Qur an ka
opatna mawana
Kalimana haram
cicing di masjidna
Ka genepna haram
maca Quranna
|
Ø
SABAB - SABAB MIGAWE TAYAMUM
|
Ari sabab anu matak ngawajibkeun
Kana tayamum tilu rupa apalkeun
Hiji euweuh cai ba’da di teangan
Dua gering nu madorot kacaian
Katiluna caina teh dibutuhkeun
Halabhab jg hayawan syara’ ngamulyakeun
|
Ø
SYARAT TAYAMUM
|
Syarat tayamum
sapuluh perkarana
Hiji tayamum ku taneuh
asalna
Ka dua taneuh na teh kudu sucina
Tilu taneuh ulah tilas
susucina
Ka opat na teh ulah kacampuran
Ku tipung atawa bangsa
kekeprulan
Lima ngusap beungeut reujeung panonna
Ku dua balik ulah ku
sabalikan
Genep kudu ngahilangkeun najisna
Ti samemeh prakna laku
tayamum na
Tujuh kudu ngamaksud tayamumna
Ulah kagok pedah taneuh na
bangetna
Ka dalapan kudu nganyahokeun nana
Kana kiblat samemeh
tayamum na
Ka salapan kudu geus
manjing waktuna
Sapuluh tayamum jeung saban parduna
|
Ø
PARDUNA TAYAMUM
|
Parduna tayamum lima perkarana
Ka hijina kudu mindahkeun taneuhna
Dua niat dina waktu keur mindahkeun
Tilu ngusap beungeut sing walatra
pisan
Opat ngusap leungeun sarta sikuna
Lima tartib perele dina ngusapna
|
Ø
PANGBATALAN TAYAMUM
|
Ari anu
ngabatalkeun tayamumna
Eta tilu sing apal hiji -
hijina
Hiji nu
ngabatalkeun kana wuduna
Geus kaliwat aya opat
kabehna
Dua murtad kaluar
tina islam na
Nu ka tiluna nyangka aya
caina
Kitu soteh lamun
tayamum pedahna
Euweuh cai lamun
teu kitu batalna
|
Ø
PANGUDURAN SHOLAT
|
Udzur sholat teu
dosa ku ngantuna
Tapi tetep wajib
Qodo saba’dana
Aya dua ka hiji
sabab sarena
Yaqin sarena lain
nundutannana
Dua lain nu di
popohokeunnana
Najan poho
nukatalanjurannana
|
Ø
SYARATNA SHOLAT
|
Syarat solat aya
dalapan kabehna
Hiji kudu suci tina hadastna
Hadast leutik tegesna boga wuduna
Hadast gede teh
nu wajib adusna
Dua kudu suci tina najisna
Pakean badan reujeung tina tempatna
Tilu kudu buni nutupan ‘auratna
Anu ngahalangan
kana katempona
Ti luhur ti
gigir jeung sakurilingna
Ti handap mah heunteu
wajib bunina
Atuh kolom kabuka
keneh auratna
Mun di pindingan ku kaca da tembongna
Kolom cukup kana buni
‘auratna
Lamun di tutup ku leutak teu
tembongna
Ka opatna kudu madep kiblatna
Ngareken na madep na
teh ku dadana
Kalimana kudu manjing
waktuna
Genep kudu nyaho
kaparduannana
Tujuh ulah nekad keun
kana farduna
Di tekad keun kana
gawe sunatna
Ka dalapan kedah
ngajauhan nana
Tina nu ngabatalkeun
kana solatna
|
Ø
RUKUN SOLAT
|
Rukun solat
tujuh belas kabehna
Hiji neja niat solat ku hatena
Dua takbirotul
ihrom pang heulana
Tilu
nangtung nu kaduga na farduna
Ka opatna kudu maca fatihahna
Apal di
wuruk sah maca tulisna
Lima ruku’ eta bari dongkona
Genep tumaninah dina ruku’na
Tujuh
i’tidal ajeg antas ruku’na
Dalapan tuma’ninah na i’tidalna
Ka salapan sujud sarta dua kali
Sapuluh nyalse na sujud dua kali
Sabelas diuk antara sujud duana
Dua belas nyalse dina diukna
Tilu belas tahiyat anu akhirna
Opat belas diuk tahiyat akhirna
Lima belas maca
solawat ka Nabi
Na diuk tahiyat ahir masing suci
Genep belas asalamu’alaikum
Tujuh belas kudu tartib masing faham
|
Ø
PANGBATALAN SOLAT
|
Nu ngabatalkeun solat opat belasna
Hiji hadast sanajan teu ngahajana
Dua
katibaan nana ku najisna
Mun teu di alungkeun pada haritana
Tur henteu kungsi ka bawa ku dirina
Waktu miceun mun ka bawa batalna
Tilu narima kabuka ‘auratna
Mun teu di tutupan pada haritana
Opat
Ngomong anu ngandung hartin
Najan eta ngomong teu aya hartina
Atawa sahurup ngan aya hartina
Batal soteh lamun ngomong di hajana
Ngomong tawa batuk tarik di tambahna
Ngandung hurup tetep batal ngahajana
Omongan nu teu patali jeung solatna
Nu patali cara Amin teu batalna
Kitu deui madorot picilakaeun
Teu batal cara ku urang di bejaan
Ka lima migawe anu ngabatal keun
Kana puasa bari anu ngahajakeun
Ka genep dahar nu loba teu ingetna
Tujuh tilu usikan tuluy - tuluyna
Najan poho nu tilu usikeunnana
Atawa bodo nu teu di hampurana
Kajaba usikan ramo dampalna
Teu ka usikeun teu matak batalna
Atawa ngalengkah nu eureun-eureunnan
Najan tilu lengkah teu matak batalna
Ka dalapan ngajleng anu poharana
Najan di tempat da gerak kabehna
Salapan neunggeul nu luar biasana
Sapuluh nambahan rukun pi’lina
Tur ngahaja dina ngaleuwihannana
Cara sujud tilu kali raka’atna
Ka sabelas miheulaan ka imamna
Ku sarukun anu bangsa pi’lina
Lamun mihelaan na teh ku sarukun
Bangsa Fi`li eta haram ngalakonan
Mun mihelaan na teh ku satengah rukun
Bangsa fi`li eta makruh hukumna
Nya kitu deui ninggalken rukunna
Taya udzur eta batal hukumna
Kajaba mun niat megatken solatna
Dua rukun anu bangsa fi`li na
Dua belas niat megatken solatna
Najan di tuluyken batal solatna
Tilu belas ngagantungken di pegatken
Kana solat nu kahiji kajadian
Najan eta solat dipigawena
Nepika tamat teuteup batal solatna
Opat belas mang-mang dina rek
megatkeun
Kana solat sabab taya galibna
|
Ø
NU NGAWAJIBKEUN PUASA BULAN RAMADHAN
|
Nu ngawajibkeun puasa bulan Ramadhan
Sala sahiji nu lima tong nyalahan
Ka hiji kudu sampurna
bulan Sya’ban
Tilu puluh poe naker jejeg keun
Dua sabab nempo tanggal jeung manahna
Sanajan dirina paseq ceuk syara’na
Tilu ngadenge tanggal tinu ‘adil na
Najan maneh na teu nempo riwayat na
Opat ngadenge beja tinu ‘adil na
‘Adil riwayat na nu ka piandel na
Rek percaya dirina tawa henteu na
Nu ka piandelan nu mere beja na
Mun nu mere nu ka piandel na
Wajib puasa lamun percaya na
Lima nyangka tos asup bulan Romadon na
Ku ijtihad na anu sampurna na
|
Ø
SYARAT SAHNA PUASA
|
Syarat sah puasa opat perkara na
Hiji islam jalma anu puasa na
Dua boga ‘akal sanajan can balegna
Tilu suci tina upama hed na
Cara nifas ngajuru jeung kaluarna
Tah nu kitu puasana di haramkeuna
Ka opatna puasana ngayaqinkeun
Kana poena tanpa di puasaan
Atuh henteu sah eta poe lebaran
Poe tasrek tilu puluh bulan Romdon
|
Ø
SYARAT WAJIBNA PUASA
|
Syarat wajib puasa lima
perkara
Hiji islam dua kataklip
katara
Ka tiluna jalmana pikadugaeun
Henteu wajib pikeun jalma
anu pikun
Ka opat jalma sehat
dina badana
Lima cicing jalmana
teu leuleumpangan
|
Ø
RUKUN PUASA
|
Rukun puasa tilu
perkarana
Hiji niat ti peuting saban
poena
Kitu soteh lamun puasa parduna
Lamun sunat kenging memeh
lohorna
Dua ninggalkeun nu matak ngabatalkeun
Bari inget jeung pilih na
sorangan
Tur jalma bodo anu di hampura na
Jauh ka jalma teu
ngadengekeun nana
Tilu jalma anu jadi puasa na
Tinggal ngabatalkeun pedah puasa na
|
Ø
ANU NGABATALKEUN PUASA
|
Ari anu ngabatalkeun puasa na
Tujuh rupa sing apal hiji-hijina
Hiji murtad dua hed tilu nifas na
Opat ngajuru ka lima nu gelo na
Gelo ngadadak
keur tengah puasa na
Najan sakeudeung lain gelo lila na
Genep sakalor ka tujuh weureu na
Weureu ngahaja jeung lila sapoe na
|
|
|
Ø
PIRANG - PIRANG WARNA BUKA DI BULAN ROMADON
|
Bocor bulan Romadon
opat hukumna
Hiji wajib cara hed
jeung nifasna
Dua wenang nu
lumaku jeung geringna
Tilu bebas hukum
cara nu gelona
Opat haram
ngahirkeun kana Qodona
Sarta imkan hingga
beakeun waktuna
|
Ø HUKUM
AKIBAT BUKA/ BOCOR DI BULAN RAMADHAN
|
Akibat bocor dina Romadon hukumna
Aya opat sing telik hiji - hijina
Hiji wajib qodo reujeung pidyahna
Anu bocor mang paurkeun nu sejena
Cara anu bocor nyaah ka wargi na
Nu nabeuteung reujeung nu di susuanna
Bari jeung ngakhirkeun kana qodona
Hingga datang taun anu ka duana
Padahal imkan qodo nu ka hijina
Tapi ngengke keun hingga tamat taunna
Kadua na anu misti qodona
Henteu kudu di barengan ku pidyahna
Cara jalma anu bocor biyasana
Boh doraka tawa henteu ku bukana
Katilu na wajib pidyah teu qodona
Aki - aki Nini - nini teu mampuna
Ka opat teu wajib qodo jeung pidyahna
Jalma gelo teu ngahaja ku gelona
|
|
|
|
|
AL QURAN
1.
MEMBACA DAN MENULIS
(Guru harus melatih bacaan murid dan melatih tulisan murid dengan
baik dan benar, dan untuk materinya yaitu Iqro 5 dan 6)
2.
HAFALAN
Guru harus melatih hapalan murid dengan cara menalar surat-surat
pendek dan untuk materinya yaitu dari surat Al- Adiyat- Adduha
|
|
|
|
SEJARAH
PELAJARAN
TARIKH ISLAM
1.
GUSTI URANG SADAYANA, MUHAMMAD SAW.
1.1.
Ari Nabi Muhammad eta utusan Alloh SWT. Pikeun sakabeh manusa. Panutup para
Nabi, jeung Pimpinan Para Rosul/Utusan Alloh SWT.
1.2.
Sumpingna Kangjeng Nabi bari nyandak Agama Islam. Anu dina poe Qiyamah, Alloh
moal narima Agama, salian Agama Islam.
1.3.
Kangjeng Nabi teh katurunan Quraesy. Mangrupakeun Qobilah termulia di Negara
Makkah.
1.4.
Katurunan Kangjeng Nabi Muhammad, nyambung sareng Nabi Isma'il bin Ibrahim.
PERTANYAAN:
1.1. Saha ari Nabi Muhammad SAW teh?
1.2. Naon anu dicandak ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
1.3. Ti Qabilah mana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
1.4. Kasaha nyambungna, turunan Kangjeng Nabi?
2. KATURUNAN
JEUNG PUPUSNA RAMA KANGJENG NABI
2.1.
Ramana Kangjeng Nabi nyaeta Abdulloh bin Abdul Mutholib bin Hasyim bin Abdi
Manaf bin Qushoy bin Kilab.
2.2.
Ibu Kangjeng Nabi, nyaeta Aminah binti Wahab bin Abdi Manaf bin Zuhroh bin
Kilab.
2.3.
Patepung turunan ti Ibu jeung ti Rama-Na, di Eyang nu kalima, Kilab.
2.4.
Rama Kangjeng Nabi pupus dina umur dalapan belas tahun. Waktos Anjeuna masih
dina lebet kandungan Ibu-Na. Dipendemna di Madinah. Dina kaayaan, teu
ngantunkeun harta sakedik-kedik acan.
PERTANYAAN:
2.1. Sebutkeun turunan Kangjeng Nabi, ti jihat Ibu-Na?
2.2. Sebutkeun turunan Kangjeng Nabi, ti jihat Rama-Na?
2.3. Disaha tepung turunan Kangjeng Nabi, ti jihat Ibu jeung ti
jihat Rama-Na?
2.4. Iraha pupusna, Rama Nabi Muhammad SAW?
2.5. Dimana dipendemna, Rama Nabi Muhammad SAW?
3. KALAHIRAN SARENG PANYUSUAN KANGJENG NABI
3.1. Kangjeng Nabi lahir di Mekah, tanggal 12 Rabi' al-Awwal, taun
Gajah.
|
222
|
|
222
|
Tapi ku Alloh
SWT dihancurkeun. Sabab ngamulyakeun poean lahirna Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
3.3. Kangjeng Nabi saba'da disusuan ku Ibuna, anjeunna disusuan ku
Tsuwaebah Aslamiyyah, anu jadi bujang Pamanna (Abu Lahab). Tuluy ku Halimah
Assa'diyyah, dugi ka yuswa opat taun.
PERTANYAAN:
3.1. Iraha Kangjeng Nabi Muhammad SAW dilahirkeun?
3.2. Dimana Kangjeng Nabi Muhammad SAW dilahirkeun?
3.3. Naon sababna taun kalahiran Rosululloh, disebut taun Gajah?
3.4. Saha anu nyusuan ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, saba'da
Ibuna?
4. WAFATNA IBU KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW.
4.1. Ibu Nabi pupus, waktos Nabi yuswa 6 taun, waktos mulih ti
Madinah.
4.2. Angkatna Ibu Nabi Muhammad ka Madinah, kanggo Ziarah ka
pakuburan Rama Nabi. Ibu Nabi, disarengan ku Abdul Mutholib (Aki Nabi).
4.3. Ibu Nabi dipendem ditanah Abwa. Nyaeta, hiji kampung antara
Mekkah sareng Madinah.
4.4. Saba'da Ibu-Na pupus, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, dirorok ku
Ummu 'Aeman (Bujang Ramana)
PERTANYAAN:
4.1.
Iraha pupusna Ibu Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
4.2.
Bade naon, Ibu Nabi Muhammad SAW angkat ka Madinah?
4.3.
Dimana dipendemna Ibu Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
4.4.
Saha anu ngarorok Kangjeng Nabi, saparantos Ibu-Na pupus?
5. NGURUS, NGADIDIK JEUNG PUPUSNA AKI NABI MUHAMMAD SAW
5.1. Saparantos pupus Ibu Kangjeng Nabi, anu ngurus pendidikan
Nabi, Akina. Nyaeta Abdul Mutholib. Anu mikacinta ka Kangjeng Nabi, langkung,
manan mikacinta para putrana.
5.2. Waktos yuswa Nabi,
dalapan taun. Abdul Mutholib, pupus. Saparantos ngurus sareng ngadidik Kangjeng
Nabi, salami dua tahun.
5.3. Saba'da Abdul Mutholib pupus, Nabi ditanggel waler paman-Na,
Abu Tholib. Anjena termasuk jalmi Faqir, tapi rizqina ku Alloh dilebarkeun.
5.4. Kangjeng Nabi, dina waktos ditanggel waler ku paman-Na, sok
ngalap cukup ku pembagian ti Alloh SWT.
PERTANYAAN:
5.1.
Saha anu ngadidik Kangjeng Nabi, saba'da pupus Ibu-Na?
5.2.
Iraha Aki Nabi Muhammad SAW pupus?
5.3.
Saha anu nanggung jawab ka Nabi, saparantos pupus Aki-Na?
5.4.
Kumaha tingkah Kangjeng Nabi, salami dina tanggung jawab paman-Na?
6. NABI NGANGON DOMBA
JEUNG ANGKAT KA SYAM NU KAHIJI
6.1.
Kangjeng Nabi waktos keur alit, sok ngangon domba kagungan urang Mekkah.
Kalayan buruh, kanggo kahirupan Kangjeng Nabi.
6.2.
Waktos yuswa Nabi salapan tahun. Anjeun-Na angkat ka Syam sareng paman-Na
pikeun dagang.
6.3.
Waktu, tos caket ka Bashroh, Kangjeng Nabi katingalien ku pendeta Bahiro. Teras
ngawartosan ka paman Nabi, yen iye jalmi, bakal jadi Nabi panutup. Pendeta
Bahiro miwarang supaya marulih deui ka Makkah, margi mikarempan tina gangguan
musuh nu ngawaskeun ka Nabi.
6.4.
Ka-Nabi-an Kangjeng Nabi, dituduhkeun ku pirang-pirang ciri, anu aya dina
kitab-kitab Akhli Kitab.
PERTANYAAN:
6.1.
Naon padamelan Kangjeng Nabi Muhammad SAW, dina waktos alit?
6.2.
Iraha Kangjeng Nabi angkat ka Syam anu ka-hiji?
6.3.
Saha anu ningali ka Kangjeng Nabi, dina waktu tos caket ka Bashroh?
6.4.
Naon nu diwartoskeun ku Pendeta Bahiro ka Paman Nabi?
6.5.
Naon pamenta Pendeta Bahiro ka Nabi Muhammad SAW?
6.6.
Timana kapendakna, yen Nabi teh, Pi-Nabieun?
7. ANGKAT KA SYAM NU KADUA
7.1.
Dina waktos Nabi yuswa 25 taun, Anjeuna angkat deui ka Syam anu kadua kalina,
bari nyandak dagangan Siti Khodijah.
7.2.
Siti Khodijah teh nyaeta, hiji istri anu mulia tur beunghar. Sok muruhkeun ka
lalaki pikeun ngurus hartana.
7.3.
Siti Khodijah mercantenkeun ka Nabi Muhammad, kana dagang. Margi, Siti Khadijah teurangeun kana
kajujuran Nabi.
7.4.
Kangjeng Nabi Muhammad SAW, angkat ka Syam nu kadua kalina disarengan ku
Maesaroh (Bujang Siti Khodijah). Aranjeuna dagang, kalayan nyandak bati anu
kacida ageungna.
PERTANYAAN:
7.1.
Iraha Kangjeng Nabi angkat ka Syam anu kadua?
7.2.
Bade Naon, Kangjeng Nabi Muhammad SAW angkat deui ka Syam?
7.3.
Saha, Siti Khodijah teh?
7.4.
Naon sababna, Siti Khodijah mercantenkeun dagang ka Kangjeng Nabi?
7.5.
Disarengan kusaha, angkatna Kangjeng Nabi teh?
8. PERTIKAHAN KANGJENG NABI
MUHAMMAD SAW KA SITI KHODIJAH
8.1.
Saba'da dua bulan Kangjeng Nabi teh mulih ti Syam anu kadua kalina teras nikah
ka Siti Khodijah, anu ngalamar ka Kangjeng Nabi.
8.2.
Waktos nikah, Yuswa Siti Khodijah 40 taun, Kangjeng Nabi 25 taun.
8.3.
Sateuacan nikah ka Kangjeng Nabi, Siti Khodijah nikah ka Abi Halah. TiAbi Halah
nu tos maot, gaduh putra, namina Halah.
8.4.
Siti Khodijah nikah sareng Nabi salami 25 tahun, dugi ka pupusna.
PERTANYAAN:
8.1.Iraha,
nikah Kangjeng Nabi Muhammad SAW ka Siti Khodijah?
8.2.Sabaraha
taun yuswa Siti Khodijah, waktos nikah ka Kangjeng Nabi?
8.3.Sabaraha
taun yuswa Kangjeng Nabi, waktos nikah ka Siti Khodijah?
8.4.Sateuacan
nikah ka Kangjeng Nabi, Siti Khodijah nikah ka saha?
8.5.Sabaraha
taun, lamina, nikah Siti Khodijah ka Kangjeng Nabi?
9. KAPUTUSAN KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW DINA NYIMPEN HAJAR ASWAD
DIANTARA KAUM QURAESY
9.1.
Waktos yuswa Nabi 35 tahun, urang Quraesy ngaruksak Ka'bah, aranjeuna
nganyarkeun deui.
9.2.
Nabi disarengan kaum Quraesy, waktu ngadegkeun Ka'bah. Anjeuna nyimpen batu
sareng gegeden Quraesy, disarengan Paman-Na, Abbas.
9.3.
Kaum Quraesy selisih faham (Ikhtilaf), masalah, saha anu rek neundeun Hajar
Aswad kana tempatna. Aranjeuna sepakat, nu rek neundeunna, nyaeta, saha wae nu pangheulana asup ka Masjid.
9.4.
Anu pangpayunna lebet ka Masjid, Kangjeng Nabi. Antukna urang Quraesy
barungaheun, bari nyarita; "Kami ridlo, ku, Nu kapercaya".
9.5.
Rosululloh nyimpen Hajar Aswad dina sorban-Na, bari nyuprih nyepeng tungtung
sorban ka gegeden Quraesy, tur, miwarang dikaluhurkeun. Saba'da dugi kana tempatna,
dicandak ku Panangan Nabi, langsung disimpen. Saba'da kitu, perselisihan
diantara kaum Quraesy, leungit. Bari
kaum Quraesy kaget, tina kahebatan pangemut Kangjeng Nabi.
PERTANYAAN:
9.1.
Iraha urang Quraesy nganyarkeun bangunan Ka'bah?
9.2.
Naha Kangjeng Nabi Muhammad sasarengan, jeung urang Quraesy?
9.3.
Masalah naon nu terjadi diantara kaum Quraesy, waktu harita?
9.4.
Saha anu pangpayuna lebet ka Masjid?
9.5.
Kumaha cara penyelesaian Kangjeng Nabi, dina Masalah Hajar Aswad?
10. MUNCULNA KANGJENG NABI, DIKALANGAN KAUM QURAESY
10.1.
Kangjeng Nabi muncul dikalangan kaum Quraesy, lantaran sifat sae-Na. Saperti;
bener, kapercaya, hilim, Boga Kaera jeung Tawadlo, sahingga anjeun-Na dipasihan
gelar "Al-Amin".
10.2.
Umat jeung kulawargi Nabi, sangat ngamulyakeun ka Anjeuna.
10.3.
Kangjeng Nabi ti waktos alit, dijaga ku Alloh SWT tina pagawean Jahiliyyah. Teu
pernah nginum arak, teu pernah nyembah Patekong.
10.4.
Alloh SWT ngamulyakeun ka Muhammad SAW ku rupa-rupa Mu'jizat (Irhash). Anu
nuduhkeun agung-Na di waktos kapayun. Diantarana: Mega sok ngiuhan anjeun-Na,
waktos berangkat ka Syam nu kadua.
PERTANYAAN:
10.1.
Ku sabab naon Kangjeng Nabi onjoy, dikalangan kaum Quraesy?
10.2.
Naha ari umat Nabi mikacinta ka anjeun-Na?
10.3.
Naha Kangjeng Nabi pernah midamel pagawean Jahiliyyah?
10.4.
Ku naon Alloh ngamulyakeun Muhammad, sateu acan janten Nabi?.
11. PERIBADAHAN KANGJENG NABI SATEUACAN JANTEN ROSUL
11.1.
Waktu tos caket, kana yuswa 40 tahun, Kangjeng Nabi mikaresep kana ngajauhan ti
manusa. Anjena, langkung manco kana Ibadah.
11.2.
Nabi milih tempat ibadah di Gua Hiro. Nyaeta hiji Gunung, anu aya, beh luhur,
jalan ka Mekah.
11.3.
Anjeuna sok nyandak bekel. Upami tos seep, mulih heula ka Istrina, kanggo
nyandak bekel.
11.4.
Kangjeng Nabi ibadah, kalayan netepan Syari'at Agama Nabi Ibrahim. Ti kawit
sapuluh dinten, dugi ka sabulan.
PERTANYAAN:
11.1.
Iraha, Kangjeng Nabi, kawit mikaresep tebih ti manusa?
11.2.
Dimana, tempat ibadah Kangjeung Nabi, waktos harita?
11.3.
Timana Kangjeng Nabi Muhammad SAW nyandak katuangan?
11.4. Kalayan Syare'at Agama saha, Kangjeng Nabi
Muhammad SAW Ibadah?
11.5. Sabaraha lami, waktos ibadah Kangjeng Nabi
Muhammad SAW?
MASA YANG KEDUA
DARI KEHIDUPAN ROSULULLOH SAW
1. KAWITAN LUNGSUR WAHYU
1.1.
Nalika yuswa Nabi 40 tahun, Anjeuna diutus ku Alloh SWT kanngo: Ngabubungah,
Nyingsieunan, ngajak kana bener, jeung nyaangan.
1.2.
Lungsurna wahyu dikawitan ku Impenan (Ru'ya), kalawan impenan bener. Saba'da
eta, Anjeuna teu pernah ngimpen waktos kulem, hiji perkara oge. Kecuali,
buktos, dina kaayaan nyaring.
1.3.
Kangjeng Nabi kalungsuran Malaikat Jibril (Ruuhul Amiin). Waktos harita,
Kangjeng Nabi nuju ibadah di Guha Hiro.
1.4.
Malaikat Jibril ngawurukan ka Kangjeng Nabi, kana, kumaha carana nuduhkeun
manusa kana jalan anu bener (Agama Islam).
PERTANYAAN:
1.1.
Iraha diutusna Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
1.2.
Kumaha mimitina lungsur wahyu ka Nabi?
1.3.
Saha anu lungsur, masihkeun wahyu Alloh SWT ka Nabi?
1.4.
Waktos Malaikat Jibril sumping, aya dimana Kangjeng Nabi?
1.5.
Naon, anu diwurukkeun Malaikat Jibril ka Kangjeng Nabi?
2. KABIASAAN URANG ARAB, MEMEH LAHIR AGAMA ISLAM
2.1.
Urang Arab, memeh datang Islam, Malusyrik jeng nyembah Patekong.
2.2.
Urang Arab sok maehan anak-anakna, kasienan kalaparan jeung fakir.
2.3.
Urang Arab sok ngubur koropes anak-anak awewe maranehna. Sabab, awewe dianggap
sumber wirang jeung sumber kacacadan.
2.4.
Urang Arab sok parerang (peucah),
marebutkeun perkara teu pira.
PERTANYAAN:
2.1.
Naon nu sok di ibadahan ku urang Arab, samemeh datang Islam?
2.2.
Naon sababna, urang Arab sok maraehan anak-anakna?
2.3.
Naon alesana, urang Arab sok ngubur koropes anak-anak awewena?
2.4.
Naha ari urang Arab ngahariji?
3. DAKWAH SIRRI/SUSULUMPUTAN
3.1. Nabi
ngawitan Dakwah Sirri, saparantos lungsur surat Al-Muddatsir:
يَا َا يُّهَاالْمَدَّثِرُ
* قُمْ فَأَنْذِرُ *
وَرَبَّكَ فَكَبِّرْ * وَثِيَابَكَ فَطَهِّرُ *
وَالرُّجْزَ فَاهْجُرْ * وَلا
َتَمْنُنْ تَسْتَكْثِرُ * وَ لِرَبِّكَ
فَاصْبِرْ *
Hartina:
"Hai anu
disimbut. Kudu hudang anjeun, tuluy nyingsieunan. Ka Pangeran, anjeun, kudu
ngagungkeun. Kana baju, anjeun kudu ngaberesihkeun. Kana Patekong, anjeun kudu
ngancurkeun. Anjeun, ulah rek mere, bari ngarepkeun dibere leuwih loba. Jeung
ka Pangeran anjeun, anjeun kudu sabar".
3.2.
Nabi, ngajak ka ahli Baet jeung ka rerencangan-Na. Anu ngabenerkeun Anjeun-Na, tegesna, jalma-jalma nu nekadkeun
benerna ka-Rosulan anjeun-Na.
3.3.
Kangjeng Nabi, ngajak ka jalma-jalma. Kana ibadah ka Alloh SWT. Alloh anu hiji. Ngajak, supaya welas-asih ka
papada manusa. Ngajak bersatu, diantara papada manusa. Ngajak, ninggalkeun
papaseaan/perkelahian.
3.4.
Pangna Kangjeng Nabi, ngawitan Dakwah, ku cara Dakwah Sirri. Margi
sieun/rempan, tina kagetna manusa, kana perkara anu can arapaleun jeung can ngaruping kana ajaran Agama Islam.
PERTANYAAN:
3.1.
Iraha mimitina Dakwah Sirri?
3.2.
Saha bae, anu diajak ku Kangjeng Nabi?
3.3.
Kana naon, Kangjeng Nabi, ngajak ka manusa?
3.4.
Naon margina, Kangjeng Nabi ngawitan Dakwah, ku cara, Dakwah Sirri?
4.
NU PANGPAYUNNA IMAN
4.1.
Anu pangpayunna Iman ti golongan istri, nyaeta Siti Khodijah, garwa Anjeuna.
Anjeunna nekadkeun, kana kabeneran Kangjeng Nabi Muhammad jadi Rosul Alloh SWT. Karana Siti Khodijah,
ningalieun mangpirang-pirang bukti
jeung ciri,
anu nuduhkeun kana jadi Nabi-na
Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Khususna, ciri, ka-Nabian nu terjadi, dina waktos
perjalanan angkat dagang Kangjeng Nabi sareng Maesaroh.
4.2.
Anu pangpayunna Iman ti golongan barudak, saderek misan-Na, nyaeta, Ali bin Abi Tholib.
4.3.
Anu pangpayunna Iman ti golongan
pameget, Abu Bakar Shiddiq (rerencangan Kangjeng Nabi, di waktos Kangjeng
Nabi,teu acan diutus). Abu Bakar Shiddiq, teu pernah jangji bohong. Oge, Zaed
bin Haritsah (abid Kangjeng Nabi, anu teras dimerdekakeun ku anjeun-Na).
4.4.
Abu Bakar Al-Shiddiq, oge, ngajak Iman ka sing nu dipikacinta ku anjeunna,
jeung anu mikacinta ka anjeunna. Anjeunna berhasil. Diantawisna, 'Usman bin
'Affan sareng Zubair bin 'Awwam.
KKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKKK
PERTANYAAN:
4.1.
Saha anu pangpayunna Iman, ti golongan Istri?
4.2.
Saha anu pangpayunna Iman, ti golongan lalaki?
4.3.
Saha anu pangpayunna Iman, ti golongan Abid?
4.4.
Saha anu pangpayunna Iman, ti golongan barudak?
4.5.
Naon anu dilakukeun ku Abu Bakar Shiddiq, saparantos lebet Islam?
5.
DAKWAH JAHRI/TERANG-TERANGAN
5.1.
Dakwah Sirri, berjalan salami tilu taun. Sarta dina pertengahannana, seueur anu
ariman ti rengrengan nu marulya jeung abid nu dimerdekakeun.
5.2.
Saba'da Dakwah Sirri, Kangjeng Nabi, diparentah Dakwah Jahri/Dakwah
terang-terangan. Dalil Al-Qur'anna.
فَاصْدَعْ بِمَا تُؤْ مَرُ وَأعْرِضْ
عَنِ الْمُشْرِكِيْنَ.
Hartina:
"Kudu
negrakkeun anjeun, kana perkara nu geus diparentahkeun ku Alloh SWT. Jeung kudu
ngabalieur anjeun, ti jalma-jalma anu Musyrik".
5.3.
Kangjeng Nabi naek ka Shoffa, ngagero kaom-Na, supaya lebet Islam. Saba'da
kumpul, teras Nabi nyaurkeun; "Naha ari maraneh kebeh, ngabenerkeun ka Kami, dina perkara anu dibejakeun ku
Kami?. Maka kaum-kaum ngajawab;
Leres, kami sarerea, teu pernah coba-coba ngabohongkeun ka Anjeun, ti
mimiti munculna Anjeun nepi ka ayeuna". Teras Kangjeng nabi sasauran;
"Maraneh kabeh, kudu ngariksa diri-diri maraneh kabeh, tina Naraka.
Saenyana kami, eta anu nyingsieunan ka
maraneh kabeh, tina siksaan anu pohara".
5.4.
Tuluy Abu Lahab ngomong ka Kangjeng Nabi; "Cilaka Anjeun, hai Muhammad. Naha karana nu
kieu?, Anjeun ngumpulkeun ka urang sarerea?".
Teras Alloh SWT, nurunkeun wahyu, dina
surat Al-Lahab.
تَبَّتْ
يَدَا أَبِى لَهَبِ؟.
Hartina:
"Cilaka,
kadua leungeun Abu Lahab?".
PERTANYAAN:
5.1.
Sabaraha taun lamina Dakwah Sirri?
5.2.
Iraha, Kangjeng Nabi Dakwah Jahri/terang-terangan?
5.3.
Kumaha, cara Dakwah Jahri Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
5.4.
Naon, nu diobrolkeun ku Abu Lahab (paman Kangjeng Nabi)?
NNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNNN
6.
NABI NGEMPELKEUN KULAWARGINA
6.1.
Kangjeng Nabi ngempelkeun kulawargina waktu lungsur Dawuhan Alloh;
وَ أ نْذِرْ عَشِيْرَ
تَكَ ْا لأَ قْرَ بِيْنَ.
Hartina:
"Anjeun
kudu nyingsieunan, ka kulawarga anjeun anu dareukeut".
6.2. Nabi, ngadugikeun, yen Anjeuna dijadikeun utusan Pangeran.
Tugasna, nyingsieunan jalma-jalma, tina siksaan poe. Poean, nu, teu manfa'at
harta jeung anak.
6.3.
Kaom-kaom nyarios, kalawan cariosan leuleuy. Kecuali Abu Lahab, anu kacida ngamusuhan ka Nabi
Muhammad SAW.
6.4.
Abu Lahab nolak pisan, manehna meredih, supaya Nabi dipasrahkeun. Abu Tholib
sasauran; "Demi Alloh, Kami rek ngadukung Nabi, rek nyegah ka
anjeun".
PERTANYAAN:
6.1.
Iraha Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ngempelkeun kulawargi-Na?
6.2.
Naon, nu disaurkeun ku Kangjeng Nabi?
6.3.
Kumaha jawabna kaom-kaom, ka Nabi?
6.4.
Saha anu nolak Dakwah Kangjeng Nabi Muhammad SAW?
7.
PANAS HATE URANG QURAESY KA KANGJENG NABI SAW
7.1.
Kacinta kaom Quraesy ka Nabi, diganti ku benci. Nu deukeut ka Nabi, jadi jauh. Kabeneran Nabi, dianggap bohong.
Padamelan Nabi, jadi ejekan.
7.2.
Kajadian anu tadi, terjadi, dina waktu Nabi Muhammad ngajak ka kaom Quraesy,
supaya ibadah ka Alloh SWT. Nyacad pangeran, nu dianggap atawa dijadikeun
pangeran ku urang Quraesy. Nyalahkeun, jeung nganggap sasar, ka sing saha jalma
anu nyembah Patekong.
7.3.
Urang Quraesy laleumpang ka Paman Nabi, marenta, supaya Abu Tholib nyegah Muhammad, tina nyarekan
kanu dianggap pangeran ku maranehna. Jeung tina nganggap sasar, ka bapak-bapak
maranehannana.
7.4.
Abu Tholib nolak ka urang Quraesy, kalawan tolakan anu hade. Rosul mah, terus
nyebarkeun Agama Islam, jeung ngaluhurkeun Kalimat Bener.
PERTANYAAN:
7.1. Kumaha
kacinta kaum Quraesy ka Nabi, saba'da diangkat jadi Rosul?
7.2. Iraha
terjadina?
7.3. Naha urang
Quraesy nyegah kana Dakwah Kangjeng Nabi?
7.4. Kumaha
waleuran Abu Tholib ka urang Quraesy?
Distance betwestance betwee
8. DARATANGNA KAUM QURAESY KA NABI, BALIKAN KADUA KALINA
8.1.
Saba'da kaum Quraesy nitenan, kana terusna Dakwah Kangjeng Nabi dina nyebarkeun
Agama Islam, ditambih pengbela Paman Nabi ka Nabi. Sanggeus kitu, kaum Quraesy
daratang deui ka Paman Nabi anu kadua kalina.
8.2.
Urang Quraesy ngaromong ka Paman Nabi; "Kami sarerea teu salabar, kana
dicarekanna bapak-bapak urang sarerea, dicacadna pangeran urang sarerea. Naha
anjeun rek nyegah ka anak dulur anjeun, atawa rek ngijinan ka kami pikeun nyegah anak dulur anjeun".
8.3.
Paman Abi Thalib, nyauran ka Kangjeng Nabi, bari nyuprih, supaya Nabi liren
tina ngalakukeun Dakwah. Abi Thalib, mikasieun gangguan kaum Quraesy ka Kangjeng Nabi.
8.4.
Kangjeng Nabi ngadawuh; "Demi Alloh, Kami moal ninggalkeun urusan Dakwah.
Sahingga Alloh SWT ngadlohirkeun ieu urusan, atawa Kami ruksak (paeh), kusabab
ieu urusan".
PERTANYAAN:
8.1. Naon
sababna kaum Quraesy daratang deui ka Paman Nabi?
8.2. Naon nu
diobrolkeun ku kaum Quraesy ka Paman Nabi?
8.3. Kumaha
waleran Paman Nabi?
8.4. Kumaha
tindakan Paman Abi Thalib ka Kangjeng Nabi?
8.5. Kumaha
waleran Kangjeng Nabi ka Paman-Na?
9. DARATANGNA KAUM QURAESY KA ABI THOLIB, ANU KATILU KALINA
9.1.
Waktu kaum Quraesy apaleun, yen Abi Tholib teu daekeun nyaram ka Muhammad, kaum
Quraesy daratang deui ka Paman Nabi, sarta Umaroh bin Walid.
9.2.
Maranehna ngomong ka Paman Nabi; "Yeuh cokot ieu budak, jadikeun anak
anjeun, pasrahkeun anak dulur anjeun, pikeun dipaehan ku kami".
9.3.
Abi Tholib ngawaler; "Kacida pisan gorengna pamenta aranjeun. Naha pantes,
maraneh mikeun anak maraneh supaya diurus ku kami; Ari Kami, mikeun anak Kami
ka maraneh, pikeun dipaehan ku maraneh".
9.4.
Terus urang Quraesy baralik deui, bari rarugi. Sementara, Nabi, terus nyebarkeun Agama Islam, bari
Abi Tholib tetep ngabela.
PERTANYAAN:
9.1.
Kunaon urang Quraesy daratang deui ka Paman Rosululloh?
9.2.
Naon nu diomongkeun ku urang Quraesy ka Paman, Abi Tholib?
9.3.
Kumaha waleran Abi Tholib ka urang Quraesy?
9.4.
Naha Rosululloh liren, tina nyebarkeun Agama Islam?
IIIVVVVVVVV
1.
MILARAANNA KAUM QURAESY KA NABI MUHAMMAD SAW
1.1.Kaum
Quraesy, ngamimitian milaraan ka Rosul jeung ngaguguyonkeun. Terutama, dina
waktu rek Sholat. Saenggeus maranehna nempo kana terusna Dakwah Rosul. Jeung
bumelana Paman Abi Thalib ka Rosululloh.
1.2.
Kangjeng Nabi, narima pilarana kaum Quraesy ku jiwa hilim, sabar, welas jeung
lebar dada.
1.3.
Pang kacidana anu milaraan ka Rosululloh, nyaeta Abu Jahal, Abu Lahab, 'Uqbah
bin Abi Mu'ieth, jeung Walid bin Mughiroh.
1.4.
Alloh SWT, nyiksa ka jalma anu ngaguguyonkeun dina saenggeus hijrah.
Diantarana, aya anu dipaehan, aya anu diruksak ku panyakit, atawa gering.
PERTANYAAN:
1.1. Iraha kaum
Quraesy ngamimitian milaraan ka Rosululloh?
1.2. Kumaha
cara Rosululloh, dina menghadapi pilara ti kaum Quraesy?
1.3. Saha anu
pangkacidana milaraan ka Rosululloh?
1.4.
Naon bae, bentuk siksaan Alloh SWT keur kaum Quraesy, nu ngaguguyonkeun ka
Rosululloh?
2.
MILARAANNA KAUM QURAESY KA PARA SAHABAT NABI
2.1.
Nalika kaum Quraesy narenjo, yen Rosululloh, jadi jalma anu mulya jeung
terhormat. Akhirna kaum Quraesy, areureun tina milaraan ka Rosululloh.
2.2.
Antukna, kaum Quraesy milaraan para Sohabat. Utamana, nu lalemah. Nyaeta,
jalma-jalma anu teu bogaeun pamuntangan tulung secara lahiriah.
2.3.
Tiap-tiap Qabilah, nyariksa, ka sing saha jalma, nu asup Agama Islam. Ku cara,
dipanjara, diteunggeulan, teu dibere dahar jeung nginum,
dilaparkeun-dihalabhabkeun. Sehingga, para Sohabat, teu kadarugaeun diuk, jeung
teu arapaleun kanu diobrolkeun ku dirina. Sabab, banget lapareunnana.
2.4.
Diantara jalma anu disariksa, nyaeta. Bilal bin Rabbah, Amar bin Yasir, dulur
Amar bin Yasir, Bapakna katut Indungna. Jeung, Khobbab bin Arotti.
PERTANYAAN:
2.1.
Iraha kaum Quraesy, mimiti eureun milaraan ka Rosululloh?
2.2.
Tuluy, ka saha deui, milaraana kaum Quraesy?
2.3.
Ku cara kumaha, milaraannana kaum Quraesy ka para Sohabat?
2.4.
Sebutan, ngaran jalma nu disiksa ku kaum Quraesy!
3.
PAMENTA KAUM QURAESY KA NABI MUHAMMAD SAW
3.1.
Saba'da kaum Quraesy narempo, yen pilarana, euweuh manfa'atna, bahkan kalah
nambah kaimanan jeung kayakinan kaum muslimin. Tungtungna, kaum Quraesy
daratang ka Rosululloh SAW.
3.2.
Urang Quraesy, menta, supaya Nabi ibadah ka pangeran maranehna, maranehna, arek
ibadah ka Pangeran Nabi (toleransi ibadah). Walerna, Alloh nurunkeun ka
Kangjeng Nabi Muhammad SAW, surat Al-Kaafirun.
3.3.
Sanggeus putus asa, tina sakabeh cara. Urang Quraesy menta ka Nabi, supaya
mupus ayat-ayat Al-Qur'an nu mantak piambekeun. Ku sabab, nyacad ka pangeran jeung ibadah maranehna.
Atawa, Nabi, ngaganti Al-Qur'an kunu sejen.
3.4.
Alloh ngalungsurkan wahyu-Na, sebagai jawab, keur kaum Quraesy:
قُلْ مَا يَكُوْنُ لِى
أَنْ أُبَدِّلَهُ مِنْ
تِلْقَائِى نَفْسِى إِنْ أَتَّبِعُ
إِلاَّ مَا يُوْحَى إِلَيَّ.
Hartina;
"Ucapkeun,
teu aya haq pikeun Kami, ngarobah Al-Qur'an, pikeun kahayang Kami. Kami teu
nuturkeun, kecuali nu diwahyukeun ku Alloh SWT, ka Kami".
PERTANYAAN:
3.1.
Ku naon, kaum Quraesy daratang ka Rosululloh?
3.2.
Rek naraon, kaum Quraesy daratang ka Rosululloh?
3.3.
Sebutkeun Wahyu Alloh, nu mangrupa jawaban keur kaum Quraesy?
3.4.
Tuluy, naon deui, pamentana kaum Quraesy?
3.5.
Kumaha jawaban ti Alloh?
|
|
|
|
AKHLAQ
- Tatakrama ka Baraya sareng ka wargi
Ari raka sareng rai teh jalmi anu
pangcaketna ka anjeun saba’da ibu rama , upami anjeun hoyong ngabungahkeun ibu
rama maka kedah sae kawargi, diantawisna:
1.
Ngahormat
sareng mikaresep ka raka
2.
Nurut
kana nasehatna
3.
Mikanyaah
ka rai
4.
Ulah
milaraan
5.
Ulah
megatkeun baraya
6.
Ulah
papaseaan
7.
Ulah
sok ngareksak cocooan
8.
Kudu
ageung hampura
9.
Ulah
seueur heureuy margi sok aya nguneuk-nguneuk
10.
Ngahormat
sareng nyaah ka wargi sareng putrana
11.
Midamel
piwarangna
12.
Ngiring
bingah upama anjeuna bingah
13.
Ulah
megatkeun babarayaan
14.
Sawaktos
waktos kedah ziarah ka wargi
- Tatakrama ka babaturan
1. Kudu silih
pikacinta
2. Ngahormat ka
saluhureun
3. Nyaah ka
sahandapeun
4. Silih
tulungan
5. Ameng sareng
rerencangan waktos istirahat
6. Ulah ameng
anu matak picilakaeun.
Lamun anjeun
hayang dipikaresep ku babaturan maka:
- Ulah koret
upami ditambutan
- Ulah takabur
kupedah aya kalebihan
- Upami
rerencangan anu bodo maka kedah ditulungan
- Upami kanu
teu gaduh, kedah nyaah sareng nulungan sakamampuan
- Ulah sok
meureunggut
- Ulah ngewa
atawa hasud ka babaturan
- Ulah nyarekan
atawa ngadu-ngadu
- Ulah
susumpahan sanajan bener
-
Ulah milaraan kujalan ngaherinan tempatna, nyumputken alat tulisna, molototan,
ngareureuwas, upami nambut ulah nepika reksak.
3.
Tatakrama ka lingkungan (tatangga)
Ari tatangga
teh nyaeta:
Ø Jalmi anu bumi na caket
sareng bumi anjeun,
Ø Anu sok silih tulungan sareng silih tambutan barang sareng sepuh
anjeun.
Kumargi kitu anjeun kedah sae ka tatangga ku
midamel ieu tatakrama :
1.
Mikanyaah
sareng mikaresep ka para putrana
2.
Ningalikeun
raray anu marahmay
3.
Ulah
mumusuhan
4.
Ulah
nyandak cocooan batur lamun teu aya widina
5.
Ulah
takabur
6.
Upami
gaduh tuangeun, bagi tatangga
7.
Ulah
ngahina ka tatangaga
8.
Ulah
ngagorowok upami waktos istirahat
9.
Ulah
maledogan bumina
10.
Ulah
ngotoran tembokna
11.
Ulah
ngintip tina panto atawa jandela
oooooooooooo0oooooooooooo
bUKU panduan pengajaran Madrasah Diniyh di Forum MADINAH
BalasHapus